Rabu, 17 Agustus 2016

Ngatik Ulah Ukur Nyarita

Teu cukup minterkeun otakna ngatik mah. Nu teu éléh pentingna téh ahlak jeung kalakuanana. Cindekna, ngatik téh kudu jadi cukang lantaran manusa masagi! Ngan, kumaha carana? Prof. Furqon, MA.,Ph.D. Rektor Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) nepikeun pamanggihna ka Manglé. Loba nu percaya geusan nyorang hirup jeung huripna téh, di antarana ngaliwatan dunya atikan. Da,...

Wajib Béla Nagara

Sahéng warta ngeunaan wajib béla nagara. Cenah, sakur warga nagara Indonésia, nu umurna 30 taun ka handap, baris dilatih militer salila 30 poé. Kitu cék Menhankam Ryamizard Ryacudu. Puguh wé harénghéng. Sora panuju jeung teu panuju, hoghag sili témpas. Pikeun jalma nu ti barang gubrag ka dunya, nepi ka tokroh-tokroh, hirup di padésaan, ngadéngé béja wajib béla nagara, teu anéh teu sing. Malah ujug inget ka mangsa ka tukang. Jaman “teu diwajibkan”...

Metik Hikmah tina Hijrah

Alloh SWT ngadawuh dina Al Quran nu hartosna kirang langkung: "Yeuh jalma-jalma nu ariman! Naha maranéh hayang dituduhkeun ku Kami balantik nu bisa nyalametkeun maranéh tina siksa nu peurih? (Nyaéta) maranéh ariman ka Alloh ka RosulNa sarta jihad dina jalan Alloh ku harta katut jiwa maranéh. Tah éta téh anu leuwih hadé pikeun maranéh upama maranéh nyaraho mah." (Surat Ash Shaf: 10-11)Taun anyar Islam atawa Taun Hijriyah nu dikawitan ku sasih Muharram,...

Milangkala Mangle di Puseur Kota

Milangkala Manglé ka 58 geus lekasan. Tempatna di Aula Barat Gedung Saté, Jalan Diponegoro Bandung, Sabtu 21 Nopember 2015, kalawan dipiéling pinuh ku rasa sukur ka Gusti Alloh Swt. Majalah Manglé nu ngadeg taun 21 Nopémber 1957, nepi ka ayeuna terus medal, kalawan midangkeun tulisan-tulisan nu ngandung ajén-inajén kasundaan. Sajanan kiwari mangsana globalisasi, tapi majalah...

Ngukur Kakuatan Ékonomi Jabar Mapag Pasar Bébas ASEAN

Agung Suryamal S.; Pasar bébas ASEAN nu katelah Masyarakat Ekonomi ASEAN (MEA) geus ngadodoho. Atuh nu bébas lar-sup téh lain ukur barang jeung jasa, tapi deuih tanaga profesional, modal, jeung investasi. Kumaha ari tataharna para pangusaha Jawa Barat? Agung Suryamal S., Ketua Umum KADIN Jawa Barat nepikeun pamanggihna ka Manglé. Mapag persaingan éra global, kaasup mangsana...

Dikukuntit Karisi Barudak Leungiteun Panyalindungan

Taya deui daérah nu bener-bener aman keur barudak. Sakola, pangajian, malah kulawarga, angger pikahariwangeun. Kitu kaayaan kiwari téh? Naha di mana atuh indung nu dipindung, bapa nu ngariksa kulawarga? Mun mah di leuweung geledegan, atawa di nu hara-haraeun, pantes hariwang mun ngantep barudak sosorangan. Tapi, ieu mah, apan di lembur sorangan, di sakola, di pangajian,...

Milih Gurat Marengan Umat

Munggah haji misti daria. Kudu titih-rintih tur ati-ati. Kituna téh sangkan satutas na nyumponan ibadah haji, bisa ngahontal tujuan, jadi haji mabrur. Saterusna, mangpaat keur dirina, ogé pihak séjén, ka asup bisa nyeungitan lemah cai. * Dina panineungan mangsa baheula, seungitna hiji lembur, lantaran aya Pa Haji. Nu ngajak ngaji, nu ngawurukan, nu ngama’murkeun madrosah,...