Rabu, 17 Agustus 2016

Wajib Béla Nagara

Sahéng warta ngeunaan wajib béla nagara. Cenah, sakur warga nagara Indonésia, nu umurna 30 taun ka handap, baris dilatih militer salila 30 poé. Kitu cék Menhankam Ryamizard Ryacudu.
Puguh wé harénghéng. Sora panuju jeung teu panuju, hoghag sili témpas.
Pikeun jalma nu ti barang gubrag ka dunya, nepi ka tokroh-tokroh, hirup di padésaan, ngadéngé béja wajib béla nagara, teu anéh teu sing. Malah ujug inget ka mangsa ka tukang. Jaman “teu diwajibkan” béla nagara, rayat geus hideng tandang makalangan. Ngabéla banjar karang, nangtayungan lembur tina pangrogahala karaman. Utamana dina jaman “gorombolan”. Nyaéta, sabada Agustus 1949, di Tatar Jabar, lumangsung proklamasi “Nagara Islam Indonesia” (NII) atawa “Darul Islam” (DI) ku Sekarmaji Marijan Kartosuwiryo. NII ngabogaan Tentara Islam Indonesia (TII), nu engkéna adu hareupan jeung Tentara Nasional Indonesia (TNI). Campuh tarung salila 13 taun. NII/DI/TII bubar katawuran sanggeus Kartosuwiryo kacerek di Gunung Rakutak, Majalaya, Kabupatén Bandung, Méi 1962, ku pasukan “barét coklat” Batalyon 328/Kujang II Siliwangi, pingpinan Letda Suhanda (“Siliwangi dari Masa Ke Masa”, 1969).
Kajadian tragis akibat Bung Karno (Presiden RI) paséa jeung Mas Karto (Presiden NII), ari nu jadi korban Kang Karna dan Mang Karta. Tapi deui kungsi ngalahirkeun kader-kader “béla negara” (minimal “béla désa”) nu militan. Maranéhna nu panghareupna nyanghareupan serangan pasukan DI/TII, saméméh tentara datang. Lantaran ngabantu. Lantaran deuih markas TNI perenahna di kota kacamatan. Ari nu diserang, réréana pakampungan nu anggang ti kacamatan.
Éta para pajuang “béla nagara”, terusna resmi diorganisir. Mimiti dingaranan “Pertahanan Desa” (PD), dina taun 1950. Taun 1958, PD dirobah jadi Organisasi Keamanan Desa (OKD). Anggotana dilatih ka militer alakadarna. Dipercaya nyekel bedil “dorlok”. Lumayan keur  ngajaga lembur lamun diserang “gorombolan”.
Taun1960, OKD dirobah jadi Organisasi Pertahanan Rakyat (OPR). Dipingpin langsung ku Komandan Bintara Onder Distrik Militer (BODM – ayeuna  Koramil). Sajaba dilatih kamilitéran, dipercaya nyekel bedil organik urut Perang Dunya I (1914-1949). Samodél “Lee Enfield”, atawa “Steyyer”. Harita, TNI ngagunakeun senjata “Garrand”, “Karel Gustaf”, “Thomson” jeung “Brend”.
Nya OPR ieu nu gedé jasana mantuan TNI ngalaksanakeun “Pager Bitis” (Maret-Juni 1962). Nyaéta gerakan ngepungan gunung padumukan “gorombolan”, pikeun megatkeun  transportasi jeung komodasi DI/TII. Nepi ka maranéhna béakeun bahan pangan. Réa anggota DI/TII nyerah lantaran kalaparan. Pungkasanana, ku ditéwakna Kartosuwiryo téa.
Kaamanan pulih sabihara sabihari. OPR dibubarkeun. Janggelek  “Pertahanan Sipil” (Hansip), nu engkéna (2014) dibubarkeun deui, diganti ku “Linmas” (Perlindungan Masyarakat).
Meureun lantaran pangalaman “béla nagara” kitu, basa taun1964-1965, aya instruksi “Wajib Latih” (Wala), teu hésé ngarékrut warga. Komo bari dibéré saragem kaos. Dibarung ku ngawih rupa-rupa. Di antarana lagu mars “Maju Sukarelawan” karya komponis Sudharnoto :

Bulat semangat tekad kita/Barisan sukarelawan Indonesia/Berpegang sangkur/Siap bertempur/Tiap tantangan kita lawan pantang mundur//
Héy!/Awas imperialis durhaka/Pasukan rakyat kita kuat perkasa/Ini dadaku, mana dadamu/Kalau menyerang kita lawan jadi abu//
Ayolah kawan/Buruh tani, pemuda dan angkatan kita/Maju melawan/Siap senjata dan cukupkan sandang pangan/Pastilah menang, pastilah menang/
Pasti menang revolusi Empat Lima//

Sihoréng “Wala” téh ditataharkeun keur calon sukarelawan” nu baris “ngaganyang”  Malaysia (nu ku Presiden Sukarno harita, dianggap “boneka” proyek kolonialis-imperialis Inggris).”Wala” ogé dianggap salah sahiji prakték palaksanaan “Nasakom” (Nasionalis, Agama, Komunis) di désa-désa. Atuh sajaba ti latihan baris berbaris, P3K, bongkar pasang senjata, anggota “Wala” ogé kudu milu “indoktrinasi” ngeunaan ideologi nagara, ti mimiti Pancasila, Manipol, Usdek, jeung nu pangpentingna Nasakom.
Ger kajadian “Gerakan 30 September 1965” (G-30-S). Partai Komunis Indonesia (PKI) dituding  dalang dina éta uru-ara nu nimbulkeun korban jiwa genep jendral TNI AD. Atuh sakabéh “produk” politik nu “bau-bau” PKI, dileungitkeun. Kaasup “Wala”. Réa anggota “Wala” dipanggil ka Kodim atawa Koramil. Dipariksa soal hubungan jeung PKI, jeung “G-30-S”. Utamana di désa-désa nu Kuwuna anggota PKI. Sawaréh kapaksa ditahan mangbulan-bulan.
Untung, para tokoh parpol Islam (NU, PSII, Perti) nu aya di organisasi “Front Nasional"” bébéakan ngabéla. Ngajelaskeun duduk perkara WALA sabenerna. Sihoréng di sawatara tempat, anggota “Wala” ditulis tonggong” minangka anggota PKI. Nu ngarora dianggap “Pemuda Rakyat” (PR), nu karolot dianggap “Barisan Tani Indonesia” (BTI). Ibu-ibu anggota “Wala” ampir kabéh dianggap anggota “Gerakan Wanita Nasional Indonesia” (Gerwani).
Satengahing isu-isu nguniangna PKI, dikuatan ku rencana pamaréntah rék ménta hampura ka korban tina ayana “G-30-S”, sarta mahabuna deui nu ngagunakeun simbul-simbul PKI (lambang “Palu Arit”) , boh susulumputan, boh terang-terangan, alusna mah rencana “wajib béla negara” ditimbang-timbang deui. Bisi ngaléok kawas kasus “Wala” taun 1965.***

Related Posts:

  • Ngarojong Mekarna Budaya Sunda di Kuwait Duta Besar Republik Indonesia keur Kuwait, Tatang Budi Utama Razak teu weleh ngarojong kana mekarna budaya Sunda. Kituna teh, sakumaha kasaksian, waktu silaturahmi pangurus Paguyuban Pasundan Kuwait (PPK) ka pihak Dubes RI K… Read More
  • Napak Tilas Gek kuring diuk dina jukut sisi jalan satapak, ngareureuhkeun kacape. Taktak asa semplak pira oge nangung kalapa jeung gula kawung anu teu sabaraha piduiteunana. Awak anu pinuh ku kesang digeberan ku dudukuy. Kuring nangung… Read More
  • Anugerah Budaya keur Mangle Taun 2015, alhamdulillah Majalah Mangle kabiruyungan kenging pangdeudeul Anugerah Budaya Kota Bandung, 13 Oktober 2015 di Ruang Bale Pasundan, Kantor Perwakilan Bank Indonesia. Mangle nu geus nincak 58 taun… Read More
  • Urang Sunda Mieling Taun Islam di Kuwait Dimana wae ayanana, keur urang Sunda mah asa deukeut. Sok sanajan ceuk paribasa beda sumur beda tampian, tapi ari dina katuangan mah, angger menu Sunda. Kituna teh, saperti urang Sunda nu daramel di Kuwait. Loba kumpul ah… Read More
  • Résiko Haji “Innnalillahi wa inalillahi.....” “Saha nu maot, Mang?” “Hih, Alo mah bangun anu kakara baé ngobrol jeung Mamang.” “Ari kitu, kumaha, Mang?” “Ieu mah Innalillahi tanda kamusibahan, Lo.” “Oh, saha nu kamusibahan, Man… Read More

0 komentar:

Posting Komentar