Rabu, 17 Agustus 2016

Ngatik Ulah Ukur Nyarita

Teu cukup minterkeun otakna ngatik mah. Nu teu éléh pentingna téh ahlak jeung kalakuanana. Cindekna, ngatik téh kudu jadi cukang lantaran manusa masagi! Ngan, kumaha carana? Prof. Furqon, MA.,Ph.D. Rektor Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) nepikeun pamanggihna ka Manglé. Loba nu percaya geusan nyorang hirup jeung huripna téh, di antarana ngaliwatan dunya atikan. Da,...

Wajib Béla Nagara

Sahéng warta ngeunaan wajib béla nagara. Cenah, sakur warga nagara Indonésia, nu umurna 30 taun ka handap, baris dilatih militer salila 30 poé. Kitu cék Menhankam Ryamizard Ryacudu. Puguh wé harénghéng. Sora panuju jeung teu panuju, hoghag sili témpas. Pikeun jalma nu ti barang gubrag ka dunya, nepi ka tokroh-tokroh, hirup di padésaan, ngadéngé béja wajib béla nagara, teu anéh teu sing. Malah ujug inget ka mangsa ka tukang. Jaman “teu diwajibkan”...

Metik Hikmah tina Hijrah

Alloh SWT ngadawuh dina Al Quran nu hartosna kirang langkung: "Yeuh jalma-jalma nu ariman! Naha maranéh hayang dituduhkeun ku Kami balantik nu bisa nyalametkeun maranéh tina siksa nu peurih? (Nyaéta) maranéh ariman ka Alloh ka RosulNa sarta jihad dina jalan Alloh ku harta katut jiwa maranéh. Tah éta téh anu leuwih hadé pikeun maranéh upama maranéh nyaraho mah." (Surat Ash Shaf: 10-11)Taun anyar Islam atawa Taun Hijriyah nu dikawitan ku sasih Muharram,...

Milangkala Mangle di Puseur Kota

Milangkala Manglé ka 58 geus lekasan. Tempatna di Aula Barat Gedung Saté, Jalan Diponegoro Bandung, Sabtu 21 Nopember 2015, kalawan dipiéling pinuh ku rasa sukur ka Gusti Alloh Swt. Majalah Manglé nu ngadeg taun 21 Nopémber 1957, nepi ka ayeuna terus medal, kalawan midangkeun tulisan-tulisan nu ngandung ajén-inajén kasundaan. Sajanan kiwari mangsana globalisasi, tapi majalah...

Ngukur Kakuatan Ékonomi Jabar Mapag Pasar Bébas ASEAN

Agung Suryamal S.; Pasar bébas ASEAN nu katelah Masyarakat Ekonomi ASEAN (MEA) geus ngadodoho. Atuh nu bébas lar-sup téh lain ukur barang jeung jasa, tapi deuih tanaga profesional, modal, jeung investasi. Kumaha ari tataharna para pangusaha Jawa Barat? Agung Suryamal S., Ketua Umum KADIN Jawa Barat nepikeun pamanggihna ka Manglé. Mapag persaingan éra global, kaasup mangsana...

Dikukuntit Karisi Barudak Leungiteun Panyalindungan

Taya deui daérah nu bener-bener aman keur barudak. Sakola, pangajian, malah kulawarga, angger pikahariwangeun. Kitu kaayaan kiwari téh? Naha di mana atuh indung nu dipindung, bapa nu ngariksa kulawarga? Mun mah di leuweung geledegan, atawa di nu hara-haraeun, pantes hariwang mun ngantep barudak sosorangan. Tapi, ieu mah, apan di lembur sorangan, di sakola, di pangajian,...

Milih Gurat Marengan Umat

Munggah haji misti daria. Kudu titih-rintih tur ati-ati. Kituna téh sangkan satutas na nyumponan ibadah haji, bisa ngahontal tujuan, jadi haji mabrur. Saterusna, mangpaat keur dirina, ogé pihak séjén, ka asup bisa nyeungitan lemah cai. * Dina panineungan mangsa baheula, seungitna hiji lembur, lantaran aya Pa Haji. Nu ngajak ngaji, nu ngawurukan, nu ngama’murkeun madrosah,...

Pasanggiri Nulis Carita Lucu

Dina Miéling Milangkala ka-58 Majalah Manglé (21 Novémber 1957 - 21 Novémber 2015), baris diayakeun Pasanggiri Nulis Carita Lucu keur sakumna mitra Manglé sadaya. Pasaratanana : 1. Nu ditulis kudu karya asli, lain tarjamahan atawa meunang nyarungsum , sarta tacan kungsi dimuat dina media citak mana baé. 2. Panjangna naskah maksimal 4.000 tepi ka 7.000 karakter atawa 700 tepi ka 1.200 kecap. 3. Karyawan/wartawan majalah Mangle teu meunang miluan...

Napak Tilas

Gek kuring diuk dina jukut sisi jalan satapak, ngareureuhkeun kacape. Taktak asa semplak pira oge nangung kalapa jeung gula kawung anu teu sabaraha piduiteunana. Awak anu pinuh ku kesang digeberan ku dudukuy. Kuring nangung kalapa jeung gula kawung jualeun ka Bintang harita teh. Ti lembur sok indit isuk keneh, mapay jalan satapak ari nepina paling gancang wanci lohor. Kawas wanci harita, keur jaman harita di Bintang aya pabrik perkebunan anu walanda,...

Urang Sunda Mieling Taun Islam di Kuwait

Dimana wae ayanana, keur urang Sunda mah asa deukeut. Sok sanajan ceuk paribasa beda sumur beda tampian, tapi ari dina katuangan mah, angger menu Sunda. Kituna teh, saperti urang Sunda nu daramel di Kuwait. Loba kumpul ahirna jadi loba baraya. Kitu nu kasaksian urang Sunda Kuwait (PPK) waktu mieling ganti taun anyar Hijriyah 1437 H nu diayakeun di Tower Kuwait. Sanajan...

Anugerah Budaya keur Mangle

Taun 2015, alhamdulillah Majalah Mangle kabiruyungan kenging pangdeudeul Anugerah Budaya Kota Bandung, 13 Oktober 2015 di Ruang Bale Pasundan, Kantor Perwakilan Bank Indonesia. Mangle nu geus nincak 58 taun, lian ti tujuanna keur ngamumule basa Sunda, oge keur ngalarapkeun amanah sakumna urang Sunda ngalangkungan rumusan Perda No. 14 Taun 2014 ngeunaan kawajiban...

Ngarojong Mekarna Budaya Sunda di Kuwait

Duta Besar Republik Indonesia keur Kuwait, Tatang Budi Utama Razak teu weleh ngarojong kana mekarna budaya Sunda. Kituna teh, sakumaha kasaksian, waktu silaturahmi pangurus Paguyuban Pasundan Kuwait (PPK) ka pihak Dubes RI Kuwait. Tina hasil silaturrahmi, Pa Dubes nu memang teureuh Ciamis, ngarojong sababaraha kagiatan PPK nu patali sareng budaya. Di antarana wae mere alat-alat...

Résiko Haji

“Innnalillahi wa inalillahi.....” “Saha nu maot, Mang?” “Hih, Alo mah bangun anu kakara baé ngobrol jeung Mamang.” “Ari kitu, kumaha, Mang?” “Ieu mah Innalillahi tanda kamusibahan, Lo.” “Oh, saha nu kamusibahan, Mang?” “Dulur-dulur urang nu keur ngalaksanakan ibadah haji kapan, Lo. “Aéh enya, nya. Ngiring béla sungkawa nya, Mang, ka sadaya kulawargi nu kamusibatan.” “Yaktos.” “Padahal...