Rabu, 17 Agustus 2016

Ngatik Ulah Ukur Nyarita

Mangle
Teu cukup minterkeun otakna ngatik mah. Nu teu éléh pentingna téh ahlak jeung kalakuanana. Cindekna, ngatik téh kudu jadi cukang lantaran manusa masagi! Ngan, kumaha carana? Prof. Furqon, MA.,Ph.D. Rektor Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) nepikeun pamanggihna ka Manglé.
Loba nu percaya geusan nyorang hirup jeung huripna téh, di antarana ngaliwatan dunya atikan. Da, ti dinya mimitina aya parobahan cara mikir jeung paripolah téh. Ngan, tangtuna, atikan mah kudu tuluy-tumuluy ti leuleutik nepi ka iraha waé. “Tangtos ngatik téh teu cekap ku omongan atawa papatah, tapi kedah dibuktoskeun ku conto nyata atanapi ku paripolah anu tuladeun,” ceuk Prof. Furqon, MA.,P.hD., Rektor UPI muka wangkongan.
Ngobrol téh pabeubeurang méméh lohor di Gedong Isola UPI Bandung. Di dinya, ieu Rektor teureuh Pangandaran téh ngantorna. Dina hawa padataran Bandung pakaléran nu seger, Pa Rektor ngokolakeun dunya atikan, ngatik calon guru nu engkéna baris jadi tuturus kahirupan di masarakat.
Upama Prof. Furqon percaya, dunya atikan téh bisa jadi cukang lantaran karaharjaan, mémang dumasar kana pangaweruh nu diulik ti leuleutikna. Apan, ceuk kahirupan urang lembur gé, élmu tungtut dunya siar. Tah, kahirupan masarakat nu kawas kitu, nu ogé kaalaman keur mangsa budak mah. “UPI gé nuju ngarancang kurikulum atikan nu ngagaduhan ciri mandiri, medal tina ajén-inajén agama sareng kaaripan lokal,” pokna dibarung mésem
Sabada ngalanglang mancanagara, apan inyana gé loba papanggihan. Kituna téh da remen ubral-obrol jeung rupa-rupa sélér bangsa di mancanagara. Pangalaman kitu, keur inyana mah, nambahan luang pangalaman, dibarung jeung rasa gedé haté. “Sakumaha majuna nagara, tetep sabagian mah ngarasa teu sugema,” pokna.
Sakapeung, hirup mah sok pasangka-sangka. Saperti di urang, apan sok nganggap nu dumuk di nagri maju mah sarenang. Tapi, tangtu wé moal kitu kabéh, da kahirupan mah teu sakelir. Saperti urang Amerika, ceuk ieu doktor alumni University of Pittsburgh Amerika téh, teu jarang nu ngarasa teu sugema ku kaayaan. “Malah, pokna téh, ulah nyonto urang Amerika,” ceuk Prof. Furqon nyontokeun kekecapan urang Amerika.
Icikibung dina dunya atikan, ceuk ieu pangarang buku ‘Statistik Terapan untuk Penelitian’,  kudu mampuh nyurahan  kaayaan masarakat. Najan, boh guru boh dosen ngajarna téh di rohangan kelas, tapi teu bisa ukur niténan kaayaan sabudeureun kelas. Naon waé nu kaalaman jeung karandapan ku masarakat, kudu jadi bagian garapan gawé guru dina milu ngungkulanana.
Kiwari, memang, butuh conto anu hadé. Butuh  tuladeun ti pihak-pihak nu payus diturutan atawa ditulad ku balaréa. Lantaran paripolah  nu picontoeun téh baris jadi pangjurung kana paripolah hadé masarakat.
Urusan kahirupan, mémang teu sakelir. Aya nu ngarasa sugema, aya ogé nu sabalikna. Ari keur guru, nu kumaha-kumaha ogé kudu jadi bagian nu payus dititénan jeung ditalingakeun. “Margi, pangajar mah kedah seueur ngupingkeun sareng milarian solusina,” pokna.

Ngatik Binarung Rasa
Upama Prof. Furqon gedé katineungna kana dunya atikan, mémang ti dinya pamianganana. Apan, keur leutik gé ngahaja ku sepuhna téh sina sakola di PGA, sina jadi guru agama. Ngan, ari Furqon, kahayangna téh teu ngan ukur jadi guru agama di SD. Malah, boga angen-angen hayang sakola ka Timur Tengah sagala, saperti nu sok kadéngé jeung kabandungan ku dirina.
Lulus PGA, milih kuliah ogé ka UPI Bandung. Kituna téh, lungsur-langsar, nepi ka ahirna mah bisa sakola ka luar nagri sagala ka Amerika. Adumanis dunya atikan barat jeung timur, namper jadi kahayang jeung kayakinan, yén cara ngatik keur bangsa sorangan téh kudu maké padika nu ngakar jeung jiwa masarakatna.
Dina angen-angen ieu guru besar UPI téh, atikan di urang, di antarana téh kudu didadasaran ku agama jeung budaya. Bangsa urang nu ‘religius’ sarta kahirupanana dalit jeung budaya, atuh pasipatanana gé moal jauh tina pangaruh agama jeung budaya téa. Ku lantaran kitu, ngalarapkeun atikan karakter gé ulah leupas tina dadasar agama jeung budaya.
Keur kapentingan kitu, ieu carogé Nunung Sobarningsih  téh, remen miluan kagiatan-kagiatan nu intina keur nataharkeun padika atikan di UPI. Nyiar pangalaman kitu téh, remen ngalanglang mancanagara saperti ka Mesir, Amerika, jeung sajabana.
Ancrub kana dunya atikan, inyana percaya, ngatik téh teu butuh ku carita wungkul. Malah, mun guru ukur matahan, bari jeung teu nyontoan hadé, moal nerap ka nu diatikna gé. Kitu deui, barudak di imah, butuh conto ti kolotna sangkan barudak puguh nu dipicontona.
Ngatik barudak,  teu cukup di sakola wungkul. Apan, aya tilu tempat nu mangaruhan barudak téh, nyaéta rumah tangga, sakola, jeung lingkungan pangulinanana. Nu tilu bieu, ceuk ieu rama Aisyah Mayuliani, Elva Fitriani sareng Radian Furqon téh, teu bisa dilalaworakeun, lantaran masing-masing gé milu mangaruhan jeung milu nangtukeun hadé-goréngna hasil atikan.
Najan atikan teu bisa ngandelkeun salah sahiji pihak, guru mah, ceuk alumni sarjana IKIP taun 1982 téh, kudu leuwih ngarasa boga tanggung jawab dina ngatik murid-muridna. “Ulah ngan sakadar ngalaksanakeun kawajiban,” pokna.
Tumali jeung cara guru ngatik murid-muridna, ieu teureuh Pangandaran mah,  ras ka mangsa ka tukang, waktu keur budak kénéh di lembur. Saperti guru ngaji, apan mapatahanana téh tanpa pamrih, teu ieu ngarep-ngarep buruhan ti barudak. Mama ajengan atawa ustad dina ngatik téh teu weléh dibarung ku rasa héman. “Ku cara kitu, tatali batin barudak atanapi santrina ka guru téh nganteng lir budak ka kolotna,” pokna.

Miang tina Basajan
Prof. Furqon, pituin Pangandaran. Ti leuleutik gé matuhna téh di pakidulan Ciamis, deukeut ka basisir Pangandaran. Atuh, kahirupan keur budak gé raket pisan jeung alam.
Najan jolna ti kulawarga  nu boga kamampuh ‘leuwih’ ti masarakat umumna, Furqon mah dibiasakeun basajan jeung mandiri. Boga duit gé ukur keur jajan sapereluna, saperti umumna barudak tatanggana. Lian ti kitu, deuih dibiasakeun mandiri. Geura wé, sanggeus sakola mah, nyeuseuh pakéan sorangan téh tara ku batur, tara ku indung, tara meunang dipangnyeuseuhkeun ku ‘pembantu’ deuih.
Ari ulin barudak harita, nu kaalaman ku Furqon mah, ukur kitu wé, arulin barudak palemburan nu luyu jeung alamna. Kitu ogé ari balik ti sakola antara sakola jeung imah, sok sumpang-simpang heula, ngadon ula-ala bubuahan atawa ngahaja ukur kokojayan di walungan.
Lian ti kitu, dihucuhkeun kana nyiar pangaweruh agama téh. Kudu daék ngaji boh di madrasah boh di imah. Atuh, mun peuting reup magrib téh kudu gancang tatahar ngaji. Ngan, ari keur Furqon mah, deukeut ka pangajian téh, ma’lum ramana ku anjeun nu biasa ngawurukan di madrosah téh.
Barudak séjénna, aya nu ti lembur séjén. Mun balik ngaji téh kudu nyeungeut obor keur nyaangan jajalaneun. Ngabandungan babaturanana kawas kitu, Furqon gé nambahan sumanget. Sok timbul kadaékna nyiar élmu, lantaran ningal batur nu jauh-jauh rék ngahaja ngaraji ka lemburna.
Sanggeus sakola di PGA, angger wé kudu bunta-bantu pagawéan kolot. Saperti harita, waktu ramana jadi bandar kopra, inyana gé biasa mantuan rupa-rupa pagawéan kolotna, kaasup kudu milu naékkan kalapa bari nyorén bedog nigasan manggar kalapa atawa mesék kalapa. “Kantos sakali mangsa mah, sampéan katingang bedog nepi ka tatu,” pokna mulangkeun panineungan.
Mun hayang boga duit, kapaksa kudu daék barang gawé. Enya dibéré téa mah ku kolot, apan ukur keur bekel sakola, ukur keur jajan. Lian ti dinya mah lapur! Ku lantaran kitu, upama  hayang boga duit leuwih, kapaksa  kudu daék néangan sorangan. Furqon gé sok  ngala suluh kawas barudak séjénna, suluh jualeun. Ngajualna, lain ka batur tapi ka ramana!
Suluh sabangsaning pangpung jeung cocongoan tatangkalan, dipundakan ti leuweung, terus dikumpulkeun. Geus kitu mah, dikibik. Tah, haregana, harita mah, Rp 35 sakibik. Teu kaasup gedé, tapi keur ukuran harita mah, duit sakitu téh bisa keur rupa-rupa kapereluan, kaasup keur meuli alat-alat sakola. ***

Wajib Béla Nagara

Sahéng warta ngeunaan wajib béla nagara. Cenah, sakur warga nagara Indonésia, nu umurna 30 taun ka handap, baris dilatih militer salila 30 poé. Kitu cék Menhankam Ryamizard Ryacudu.
Puguh wé harénghéng. Sora panuju jeung teu panuju, hoghag sili témpas.
Pikeun jalma nu ti barang gubrag ka dunya, nepi ka tokroh-tokroh, hirup di padésaan, ngadéngé béja wajib béla nagara, teu anéh teu sing. Malah ujug inget ka mangsa ka tukang. Jaman “teu diwajibkan” béla nagara, rayat geus hideng tandang makalangan. Ngabéla banjar karang, nangtayungan lembur tina pangrogahala karaman. Utamana dina jaman “gorombolan”. Nyaéta, sabada Agustus 1949, di Tatar Jabar, lumangsung proklamasi “Nagara Islam Indonesia” (NII) atawa “Darul Islam” (DI) ku Sekarmaji Marijan Kartosuwiryo. NII ngabogaan Tentara Islam Indonesia (TII), nu engkéna adu hareupan jeung Tentara Nasional Indonesia (TNI). Campuh tarung salila 13 taun. NII/DI/TII bubar katawuran sanggeus Kartosuwiryo kacerek di Gunung Rakutak, Majalaya, Kabupatén Bandung, Méi 1962, ku pasukan “barét coklat” Batalyon 328/Kujang II Siliwangi, pingpinan Letda Suhanda (“Siliwangi dari Masa Ke Masa”, 1969).
Kajadian tragis akibat Bung Karno (Presiden RI) paséa jeung Mas Karto (Presiden NII), ari nu jadi korban Kang Karna dan Mang Karta. Tapi deui kungsi ngalahirkeun kader-kader “béla negara” (minimal “béla désa”) nu militan. Maranéhna nu panghareupna nyanghareupan serangan pasukan DI/TII, saméméh tentara datang. Lantaran ngabantu. Lantaran deuih markas TNI perenahna di kota kacamatan. Ari nu diserang, réréana pakampungan nu anggang ti kacamatan.
Éta para pajuang “béla nagara”, terusna resmi diorganisir. Mimiti dingaranan “Pertahanan Desa” (PD), dina taun 1950. Taun 1958, PD dirobah jadi Organisasi Keamanan Desa (OKD). Anggotana dilatih ka militer alakadarna. Dipercaya nyekel bedil “dorlok”. Lumayan keur  ngajaga lembur lamun diserang “gorombolan”.
Taun1960, OKD dirobah jadi Organisasi Pertahanan Rakyat (OPR). Dipingpin langsung ku Komandan Bintara Onder Distrik Militer (BODM – ayeuna  Koramil). Sajaba dilatih kamilitéran, dipercaya nyekel bedil organik urut Perang Dunya I (1914-1949). Samodél “Lee Enfield”, atawa “Steyyer”. Harita, TNI ngagunakeun senjata “Garrand”, “Karel Gustaf”, “Thomson” jeung “Brend”.
Nya OPR ieu nu gedé jasana mantuan TNI ngalaksanakeun “Pager Bitis” (Maret-Juni 1962). Nyaéta gerakan ngepungan gunung padumukan “gorombolan”, pikeun megatkeun  transportasi jeung komodasi DI/TII. Nepi ka maranéhna béakeun bahan pangan. Réa anggota DI/TII nyerah lantaran kalaparan. Pungkasanana, ku ditéwakna Kartosuwiryo téa.
Kaamanan pulih sabihara sabihari. OPR dibubarkeun. Janggelek  “Pertahanan Sipil” (Hansip), nu engkéna (2014) dibubarkeun deui, diganti ku “Linmas” (Perlindungan Masyarakat).
Meureun lantaran pangalaman “béla nagara” kitu, basa taun1964-1965, aya instruksi “Wajib Latih” (Wala), teu hésé ngarékrut warga. Komo bari dibéré saragem kaos. Dibarung ku ngawih rupa-rupa. Di antarana lagu mars “Maju Sukarelawan” karya komponis Sudharnoto :

Bulat semangat tekad kita/Barisan sukarelawan Indonesia/Berpegang sangkur/Siap bertempur/Tiap tantangan kita lawan pantang mundur//
Héy!/Awas imperialis durhaka/Pasukan rakyat kita kuat perkasa/Ini dadaku, mana dadamu/Kalau menyerang kita lawan jadi abu//
Ayolah kawan/Buruh tani, pemuda dan angkatan kita/Maju melawan/Siap senjata dan cukupkan sandang pangan/Pastilah menang, pastilah menang/
Pasti menang revolusi Empat Lima//

Sihoréng “Wala” téh ditataharkeun keur calon sukarelawan” nu baris “ngaganyang”  Malaysia (nu ku Presiden Sukarno harita, dianggap “boneka” proyek kolonialis-imperialis Inggris).”Wala” ogé dianggap salah sahiji prakték palaksanaan “Nasakom” (Nasionalis, Agama, Komunis) di désa-désa. Atuh sajaba ti latihan baris berbaris, P3K, bongkar pasang senjata, anggota “Wala” ogé kudu milu “indoktrinasi” ngeunaan ideologi nagara, ti mimiti Pancasila, Manipol, Usdek, jeung nu pangpentingna Nasakom.
Ger kajadian “Gerakan 30 September 1965” (G-30-S). Partai Komunis Indonesia (PKI) dituding  dalang dina éta uru-ara nu nimbulkeun korban jiwa genep jendral TNI AD. Atuh sakabéh “produk” politik nu “bau-bau” PKI, dileungitkeun. Kaasup “Wala”. Réa anggota “Wala” dipanggil ka Kodim atawa Koramil. Dipariksa soal hubungan jeung PKI, jeung “G-30-S”. Utamana di désa-désa nu Kuwuna anggota PKI. Sawaréh kapaksa ditahan mangbulan-bulan.
Untung, para tokoh parpol Islam (NU, PSII, Perti) nu aya di organisasi “Front Nasional"” bébéakan ngabéla. Ngajelaskeun duduk perkara WALA sabenerna. Sihoréng di sawatara tempat, anggota “Wala” ditulis tonggong” minangka anggota PKI. Nu ngarora dianggap “Pemuda Rakyat” (PR), nu karolot dianggap “Barisan Tani Indonesia” (BTI). Ibu-ibu anggota “Wala” ampir kabéh dianggap anggota “Gerakan Wanita Nasional Indonesia” (Gerwani).
Satengahing isu-isu nguniangna PKI, dikuatan ku rencana pamaréntah rék ménta hampura ka korban tina ayana “G-30-S”, sarta mahabuna deui nu ngagunakeun simbul-simbul PKI (lambang “Palu Arit”) , boh susulumputan, boh terang-terangan, alusna mah rencana “wajib béla negara” ditimbang-timbang deui. Bisi ngaléok kawas kasus “Wala” taun 1965.***

Metik Hikmah tina Hijrah

Alloh SWT ngadawuh dina Al Quran nu hartosna kirang langkung: "Yeuh jalma-jalma nu ariman! Naha maranéh hayang dituduhkeun ku Kami balantik nu bisa nyalametkeun maranéh tina siksa nu peurih? (Nyaéta) maranéh ariman ka Alloh ka RosulNa sarta jihad dina jalan Alloh ku harta katut jiwa maranéh. Tah éta téh anu leuwih hadé pikeun maranéh upama maranéh nyaraho mah." (Surat Ash Shaf: 10-11)
Taun anyar Islam atawa Taun Hijriyah nu dikawitan ku sasih Muharram, henteu leupas tina perjoangan Rosululloh katut kaom muslim dina nanjeurkeun agama Islam ku cara jihad fisabilillah atawa bajoang dina jalan Alloh SWT. Anapon jihad Rosululloh katut kaom muslim mangsa harita sakumaha nu kacatet dina taréh nyaéta peristiwa hijrah, pindah ti Mekah ka Madinah.
Teu hamham deui perjoangan kaom muslim dina hijrah téh salasawios buktos katoatan kana panggero Alloh sakumaha nu kaunggel dina ayat Alquran nu tos diserat di luhur.
Cindekna, Alloh maparin pituduh keur sing saha baé nu hayang balantik tur boga kauntungan nu nyalametkeun dirina tina siksa, nyaéta kedah panceg iman ka Alloh sareng RosulNa. Saparantos panceg, kaimanan téh kedah dibuktoskeun ku amal nu nyata nyaéta jihad atawa bajoang di jalan Alloh boh ku harta boh ku jiwa. Dina hijrah tos katara kumaha sépak terjang kaom muslim dina jihad boh ku harta boh ku jiwa. Nu matak payus upami sumanget jihad dina hijrah téh janten tatapakan perjoangan kaom muslim nu diabadikeun dina nami taun Islam. 
Mayunkeun Ngawangun Masjid
Sakumaha ka uninga ku urang sadayana nalika Rosululloh saw. sareng para sohabat nu katelah kaom muhajirin anjog ka lelewek Quba, anjeunna ngadegkeun heula masjid. Éta masjid dinamian masjid Quba. Nya ti masjid sumanget joang langkung ngagedur. Anapon nalika cunduk ka lelewek nu disebat Yastrib atanapi Madinah, nu pangpayunna ditataharkeun ku Rosululloh saw. ogé deui-deui masjid nu dugi ka kiwari angger ngajungkiring nu katelah Masjid Nabawi.
Saparantos ngadeg masjid, nembé anjeunna ngawanohkeun dua kaom nu sacara sosial budaya tangtosna aya béntenna. Nanging ku ajaran Islam diamprokkeun, ditepunglawungkeun kolbuna ku iman nu sakocoran. Éta dua kaom téh nyatana kaom muhajirin (nu parindah) sareng kaom anshor (nu nulungan), tegesna padumuk Madinah.
Teu ukur nepungkeun duduluran nu tumorojog tina kalbu, dina harti sina sarua akidahna, sahaté imanna, sina sama'na Islamna. Tegesna kaom muhajirin bisa ditarima ku kaom anshor kalayan haté nu wening malah saterasna sami-sami balantik dina jihad miharep rido Alloh SWT. Nanging Rosululloh ogé ngadamel kasaluyuan geusan ngawangun hirup kumbuh anu tingtrim jeung papada manusa sok sanajan béda akidah jeung kayakinan alatan benten ageman. Tegesna, Rosululloh ngadamel kasaluyuan sareng tokoh-tokoh Yahudi katut Nasroni pikeun hirup babarengan dina karukunan jeung katingtriman.
Katangen yén hijrahna Rosululloh kanggo ngawangun kaom anu leres-leres iman, takwa, meungkeut pageuh tali duduluran, silipikanyaah, jeung silitulungan. Rosululloh saw. hijrah sanés kanggo lumpat tina tanggung jawab ngayonan musuh kaom kafir Qurés nu tohtohan ngahalangan dawah anjeunna dugi kadiancam pati, nanging sawangsulna kanggo neraskeun jihad dugika kapetik hasilna kaala buahna.
Kabagjaan Hakiki
Dawuhan Alloh Swt.: "Jalma-jalma anu ariman jeung hijrah sarta jihad di jalan Alloh ku harta jeung jiwa maranéhna, éta leuwih luhur darajatna mungguh Alloh. Nya maranéhna téh jalma-jalma anu meunang kabagjaan. Pangéran ngabubungah maranéhna ku cara maparin rohmat karidoan jeung sawarga, maranéhna bakal meunang kasenangan anu langgeng di jero sawarga. Maranéhna langgeng di jero sawarga salawasna. Saéstuna mungguh Alloh aya ganjaran anu kacida gedéna." (Surat At Taubah ayat 20 - 22)
Kitu ganjaran pikeun jalm-jalma anu ariman sarta kaimananana dianggo modal balantik miharep karidoan Alloh ngalangkungan jihad téa, nyatana bajoang anu dina hal ieu ngalangkungan tarékah hijrah. Harta teu diowelkeun kanggo sarana bajoang di jalan Alloh nya kitu deui jiwa geusan ngayonan musuh.
Aranjeunna kénging darajat linuhung mungguhing Alloh tur baris kasinugrahan kabagjaan nu hakiki sanés kabagjaan pupulasan. Bréh wé katangen yén geuning harta anu hakékatna titipan ti Alloh téh sanés tujuan hirup sakumaha nu sok dipilampah ku urang kiwari. Tapi keur sarana jihad, bajoang geusan metik karidoan Alloh. Nya kitu deui jiwa, modal hirup urang sadayana sanés keur ngeunah-ngeunah ngahenang-ngahening di dunya nepi ka cul kana ibadah nu minangka pancén poko manusa diciptakeun ku Alloh, nanging sangkan jadi abdi atawa hamba Alloh nu mibanda pancén ibadah téa.

Tong Diengké-engké
Munasabah upami Alloh baris nuyun aranjeunna kana jalan Mantenna, margi aranjeunna kagolong kaom muhsin (nu midamel kasaéan). Alloh ngadawuh: "Jeung jalma-jalma anu geus jihad pikeun (néangan karidoan) Kami, Kami baris nuduhkeun ka maranéhna kana jalan Kami. Jeung saéstuna, Alloh nyarengan jalma-jalma anu migawé kahadéan." (QS Al Ankabut: 69)
Kitu uswah Rosululloh saw. katut para sohabatna dina jihad geusan miharep karidoan Alloh, nyatana teu weléh paboro-boro milari rido Alloh, paheula-heula kana jihad boh ku harta boh ku jiwa. Témahna Alloh maparin ganjaran, boh nu karasa langsung di dunya atuh jaga di ahérat insyaalloh hamo kaliwat.
Patarosanana, naha urang kiwari sami tos paboro-boro kana rido Alloh? Boa-boa kalah paboro-boro kana lampah nu teu dipikarido alatan tonggoy teuing néangan eusi boboko? Naha urang tos paheula-heula kana jihad ngabéla agama ku harta jeung jiwa? Boa-boa sawangsulna paheula-heula makmak-mekmek dudunya, hirup beuki betah nepi ka aya angkeuhan sieun nyanghareupan paéh, angot maot alatan bajoang toh pati jiwa raga geusan miharep rido Alloh mah. Geus waktuna umat Islam hijrah tina paradigma pamikitan anu heureut siga kitu. Islam ulah ukur diaku, tapi kudu dibéla ku cara ngalaksanakeun ajaranana sakumaha mistina. Tong diengké-engké bisi kaburu jadi bangké.
Pancegkeun Jarum Haté
Alloh ngawawadian urang sadayana: "Jeung geura infakkeun sawaréh tina naon baé perkara anu ku Kami geus dibikeun ka maranéh saméméh datang maot ka salahsaurang di antara maranéh, tuluy manéhanana nyarita (bangun kaduhung), 'Nun Gusti Pangéran abdi, saupami Gusti ngersakeun ngundurkeun (pimaoteun) abdi sakedap deui, tinangtos abdi tiasa sodakoh sareng abdi téh kalebet antawis jalma-jalma anu saroléh'." (QS Al Munafiqun: 10)
Kitu pidawuh Alloh nu mangrupi pangwawadi ka urang sadayana yén urang kedah leres-leres mehatikeun waktos, kasempetan nu aya kanggo paboro-boro kana rido Alloh sateuacan datang hiji mangsa anu taya kasempetan kanggo midamel naon baé. Nyatana sang ajal. Upami ajal tos norojol teras urang totorosol sangkan Alloh ngabedol deui, hamo tiasa. Apan dawuhanaNa ogé: "Jeung Alloh moal ngundurkeun (pimaoteun) salasaurang jalma upama mangsa ajalna geus tumiba. Sareng Alloh téh Mahataliti kana naon baé perkara anu ku maranéh dipigawé." (QS Al Munafiqun: 11)
Ku kituna munasabah upami urang sadayana salaku muslim ngagaduhan manajemén waktu nu rancingeus nalika ngahontal udagan milari rido Alloh sakumaha pangwawadi Gusti Alloh dina ayat nembé. Nalika mayunan pasualan, gancang ungkulan ku palakiah hijrah atanapi énggal ungkulan sakumaha nu tos dicontokeun ku Rosululoh saw. nalika mayunan musuh-musuh Islam, lain cineten bari nganaha-naha kana nasib. 
Margi kitu, hayu urang sami-sami metik hikmah tina hijrahna Rosulululloh saw. katut para sohabat. Margi hal éta téh kalebet balantik nu piuntungeun mungguh Alloh SWT, sakumaha nu digambarkeun ku Rosululloh saw. dina hadis: "Conto mumin téh siga nyiruan. Lamun barangdahar nu didaharna barang alus. Jeung lamun ngaluarkeun nu dikaluarkeunana ogé anu alus mangrupa madu anu amis jeung seger, malah bisa jadi ubar keur manusa. Jeung lamun eunteup sok sanajan dina régang anu regas, éta regang teu matak ruksak alatan dieunteupan manéhanana." Mugia ku dongkapna taun énggal 1 Muharram 1437 Hijriyah nu teu leupas tina sajarah hijrah Rosululloh saw. katut para sohabatna téh, urang tiasa metik hikmahna. Utamina, geusan ngawedelan iman nu diamalkeun ku jihad dina jalan Alloh boh ku harta boh ku jiwa nu sanés baé kanggo bekel di dunya, nanging ogé kanggo jaga di ahérat. Aamiin. ***

Milangkala Mangle di Puseur Kota

Mangle
Milangkala Manglé ka 58 geus lekasan. Tempatna di Aula Barat Gedung Saté, Jalan Diponegoro Bandung, Sabtu 21 Nopember 2015, kalawan dipiéling pinuh ku rasa sukur ka Gusti Alloh Swt.
Majalah Manglé nu ngadeg taun 21 Nopémber 1957, nepi ka ayeuna terus medal, kalawan midangkeun tulisan-tulisan nu ngandung ajén-inajén kasundaan. Sajanan kiwari mangsana globalisasi, tapi majalah Manglé (majalah mingguan basa Sunda), teu pareumeun langganan. Malah sanggeus robah manajemén nu dicekel ku inohong Sunda H. Uu Rukmana, oplag Manglé ogé beuki ngaronjat.
"Ku teras tiasa medalna majalah Manglé, alamdulillah muji syukur ka Gusti Alloh Swt. sareng tiasa dipiéling kalawan agréng babarengan wargi-wargi urang Sunda di gedong saté. Mudah-mudahan ieu acara janten pamiangan deui kanggo Manglé teras ngaronjat dina mangsa nu bakal datang," saur Pimpinan Umum Majalah Mangle, Uu Rukmana reueus.
Saterusna mah, dipiharep, ceuk H. Uu ogé, majalah Manglé, mudah-mudahan jadi kareueus jeung pameungkeut urang orang Sunda di mana waé. "Mudah-mudahan urang Sunda leuwih unggul, malihan tiasa berperan di tingkat nasional," pokna deui.
Pedaran Manglé nepi ka ayeuna tetep pada mikareueus. Lantaran eusina ogé lain saukur méré wawasan ngeunaan kasundaan, tapi ogé medarkeun pangajaran basa Sunda keur barudak sakola diajar basa Sunda. Pangna kitu, Manglé ogé bisa dijadikeun rujukan pamaréntah dina ngalarapkeun Perda basa daerah di Jawa Barat.
Acara milangkala Manglé harita euyeub kacida. Atuh nu daratang loba, malahan nepi ka teu kabagian korsi. Ieu bukti, yén Manglé tetep jadi pameungkeut urang Sunda jeung tempat anjang sono patepungna urang Sunda. Malahan lain waé masarakat tapi disumpingan ogé ku gupernur Jawa Barat jeung pamaréntahan, para inohong Sunda, budayawan, para Rektor jeung civitas akademika ti para paguron luhur, saperti ti ITB, Unpad, UPI, ogé Unpas.
"Mudah-mudahan SMA/SMK nu aya di handap Pamarentah Provinsi Jabar sadayana tiasa langganan Manglé. Insya Allah Manglé awét, sok sanaos aya fluktuasi, tapi simkuring ngaraos yakin, ayeuna mah Manglé bakal ngaronjat jeung kuat," saur H. Ahmad Heryawan Gupernur Jawa Barat téh.
Kitu deui dina biantara wawakil ti paguron luhur, Rektor ITB, Prof. Dr. Ir. Kadarsyah mah, kacida mikareueusna ka Manglé. Malahan bakal tetep nyaah jeung mikareueus ka Majalah Manglé.
Acara dipungkas ku murak tumpeng minangka puncak acara milangkala Manglé nu ka 58 taun. Pa H. Uu Rukmana masrahkeun ka Pa H. Ahmad Heryawan.
Sanggeus puncak acara, saterusna aya pamasrahan layang pangajén ka para juara Pasanggiri Nulis Carita Lucu Majalah Manglé ogé ka para agén Manglé nu panglilana, panglobana jeung panghadéna. Anapon nu harita kabiruyungan juara pasanggiri nulis carita lucu, nyaéta: Kahiji beunang ku Yuyun Yulistiani judulna : Rebo Nyunda. Kadua ku Erwin Wahyudi, judulna Bu Maya, jeung katilu: Enang Rokajat Asura judulna Seupan Sampeu. Sedengkeun agén-agén Manglé nu meunang pangajén, nyaéta : Agén Uha Bandung, Cucu Agéncy Bogor sareng Agén Ohin Subang.
Méméh tutup acara, hiburan Sudong (Sulap jeung Dongeng) ku Kang H. Taufiqurrahman, nu harita nyulap barang jadi kekembangan nu seungit tur éndah. “Ieu kembang kasanggakeun ka sakumna Ais Pangamping Manglé. Wilujeung Milangkala Manglé ka 58 taun. Mugia apanjan apunjung,” ceuk Kang Opik nu harita langsung ditampi ku H. Rukmana. ***

Ngukur Kakuatan Ékonomi Jabar Mapag Pasar Bébas ASEAN

Mangle
Agung Suryamal S.;
Pasar bébas ASEAN nu katelah Masyarakat Ekonomi ASEAN (MEA) geus ngadodoho. Atuh nu bébas lar-sup téh lain ukur barang jeung jasa, tapi deuih tanaga profesional, modal, jeung investasi. Kumaha ari tataharna para pangusaha Jawa Barat? Agung Suryamal S., Ketua Umum KADIN Jawa Barat nepikeun pamanggihna ka Manglé.
Mapag persaingan éra global, kaasup mangsana pasar bébas ASEAN téa nu prungna dimimitian 1 Januari 2016, geus teu bisa ditawar-tawar deui. Mémang, pasar bébas loba rambat-kamalena. “Kantenan, para pangusaha, palaku ékonomi sareng urang sadayana kedah siap mayunan pasar bébas Masyarakat Ekonomi ASEAN. Mudah-mudahan poténsi ékonomi Jawa Barat bisa bersaing,” ceuk Agung Suryamal S., Ketua Umum KADIN Jawa Barat mimiti ngobrol ka Manglé.
Pangna kitu, nilik kana kaayaan pasar bébas engké, Agung ogé teu weléh mekelan, hususna para pangusaha di Jawa Barat sangkan tatahar keur ngawewegan kamampuhan. Kitu deui ka pihak pamaréntah, KADIN Jabar ogé tetep ngawewegan sangkan pamaréntah leuwih nyaah ka wargana sorangan.
Lantaran persaingan pasar bebas teu tiasa disingkahan, tapi kedah disanghareupan. Pangna kitu, ceuk ieu pangusaha teureuh Sunda, ti ayeuna bisa ngukur keur tatan-tatan balap. “Kakuatan ékonomi urang kedah jadi kaunggulan, saperti tina séktor pariwisata,” pokna gedé harepan.
Dina waktuna pasar bébas saban nagara ogé lir nu makalangan balap lumpat. Masing-masing gé kudu apal kana kamampuhan sorangan jeung kamampuhan lawanna. Da, upama ngandelkeun kumaha engké mah, lain pilihan nu hadé. Pangna kitu, ceuk ieu pupuhu umum Kadin Jabar ogé, kahiji, para pangusaha kudu geus ngabiasakeun gawé kalawan profesional. Kadua, kudu inovatif. Hartina usaha-usaha kudu boga ciri mandiri, nu saterusna jadi kaunggulan. Katilu, sumanget juang. Sanajan urang aya dihandap Malaysia jeung Singapura, tapi ulah leutik haté. Lantaran, bangsa urang boga poténsi alam nu leuwih unggul. “Koncina mah, kantun tatahar SDM, bebenah infrastruktur, sareng promosi,” pokna.
Mangsana pasar bébas, patalimarga antarbangsa gé teu kahalangan ku anggang. Ku lantaran kitu, keur nyumponan pangabutuh hirup sapopoé gé kari milih, asal aya keur meulina. Palebah dieu Agung ogé bakal terus ngadorong, sangkan kaunggulan produk lokal jadi kakuatan. “Insya Alloh barang-barang lokal urang ogé moal éleh ku barang-barang deungeun.
Invéstor Lokal
Upama lahan tatar Jabar matak ngirut ku parainvestor, lantaran mémang usaha Jabar bakal leuwih nguntungkeun. Lian ti aya dina lahan nu subur ma’mur, ogé wilayahna deukeut ka tempat puseur Jakarta. Ngan, ngaleutna ka Jawa Barat, cek Agung pamaréntah ogé ulah poho ka parapangusaha lokal. “Tangtos, nu dipiharep tumuwuhna pangusaha lokal. Lantaran upama dibandingkeun jeung pangusaha asing, jinek kontribusi parapangusaha lokal mah, bakal leuwih nyerep tanaga,” saur Agung nu ogé pangurus Badan Musyawarah Sunda (Bammus) Jawa Barat jinek.
Punjulna lahan tatar Jabar keur invéstasi, mémang diaku ku parapangusaha luar negeri. Para investor asing ogé loba nu kabita ngaradon arusaha di Jawa Barat. Keur KADIN Jawa Barat, kaayaan kitu, tangtu jadi pangjurung sumanget para pangusaha lokal. “Palebah dieu, ningal loba invéstor asing di Jawa Barat, tangtu jadi pamecut pangusaha pribumi. Atuh palebah dieu, pamaréntah jelas, kudu leuwih mihak ka pangusaha pribumi atanapi lokal,” ceuk ieu teureuh Sunda manten Ketua HIPMI Jabar témbrés.
Nu arusaha bisa kasab dina rupa-rupa widang, saperti dina widang industri atawa tatanén. Nu arusaha ogé, di Jabar mah lakar daék. Hartina, nu arusaha di tatar Sunda, boga harepan ngahontal udaganana. Ngan, lolongkrang kawas kitu, can sabanding jeung lobana nu usaha. Lantaran deuih, ningkatna karaharjaan moal leupas tina karep jeung kadaék parapangusaha. Ku kituna, ceuk Agung nu lahir taun 1965 téh, deui-deui pamaréntah sawadina bisa leuwih merhatikeun parapangusaha, pangpangna parapangusaha lokal kaasup pangusaha anyar. “Perhatosan pamaréntah kacida mangaruhanana kana sumanget parapangusaha,” pokna deui.

Ngarojong Pangusaha Leutik
Kahirupan, mémang teu sakelir, aya nu beurat beunghar, aya nu sabalikna. Kitu deui dina widang usaha. Usaha badag jeung leutik mémang hadéna kudu silihlengkepan, silih mangpaat. Alatan kitu, Kadin Jabar nu diadegkeun ku tilu unsur, pihak swasta, gerakan koperasi jeung BUMN, henteu robah prinsip. Komo, ceuk Agung mah, apan di Jawa Barat mah béda jeung mémang kudu béda cara usaha mah. “Nu arusaha di tatar Sunda mah, ulah leupas tina rasa kamanusaan. Pihak KADIN ogé salawasna ngarojong nu arusaha geusan ngaraharjakeun pagawéna nu sahadé-hadéna,” saur ieu rama Farhana Desfila, Muhamad Fadhil gedé harepan.
Upama kiwari loba kénéh jungkrangna antara pangusaha leutik jeung pangusaha badag, da mémang teu bisa majar kumaha. Ku kituna, ceuk Agung, nu penting bisa silihlengkepan, silihngarojong nu kadituna bisa silihngaraharjakeun. Pangpang kitu, Kadin Jabar ogé dina misina bakal luyu jeung kawijakan pamaréntah, geusan ngarojong ngabantu kana naon nu jadi bangbaluh para pangusaha leutik, jeung koperasi. Ka kareup, KADIN Jabar keur metakeun jurusna, geusan ngarojong palaku usaha sangkan ningkatkeun ajén produk jeung harga. Dina hal ieu, produk lokal kudu leuwih hadé ajén produkna kalayan sual harega teu matak mahal teuing. Komo deui, ceuk ieu urang Jl. Sinom No. 9 Bandung mah, dina mapag ASEAN Community, para pangusaha Jabar wayahna kudu siap. Siap strategina, daya saing produkna, jeung sajabana.
Sumber daya alam Jawa Barat sakitu beungharna. Ngan, hanjakalna mah tacan maksimal dikokolakeunana. Pangna kitu, koncina aya dina sual SDM nu bakal mampuh ngokolakeunana. Ku kituna, Kadin Jabar gé, geus narékahan ku ngayakeun training center. Ieu program keur ningkatkeun kaahlian jeung élmu pangaweruh para palaku usaha. Ku cara kitu, sahenteuna bisa ningkatkeun SDM di Jawa Barat. “Waktuna didodoho pasar bebas, kaahlian urang kedah mampuh bersaing. Ieu nu salawasna kedah teras ditingkatkeun,” ceuk Agung Suryamal S. nutup obrolan. ***

Dikukuntit Karisi Barudak Leungiteun Panyalindungan

Mangle
Taya deui daérah nu bener-bener aman keur barudak. Sakola, pangajian, malah kulawarga, angger pikahariwangeun. Kitu kaayaan kiwari téh? Naha di mana atuh indung nu dipindung, bapa nu ngariksa kulawarga?
Mun mah di leuweung geledegan, atawa di nu hara-haraeun, pantes hariwang mun ngantep barudak sosorangan. Tapi, ieu mah, apan di lembur sorangan, di sakola, di pangajian, di pangulinan, jeung di tempat-tempat ramé, tapi tetep barudak téh dikukuntit ku karisi. “Mémang ayeuna seueur kajantenan barudak katideresa. Palakuna, lain ukur kolot, tapi deuih rumaja, malah barudak,” ceuk DraNina Sri Inayati AptM.Kes., muka wangkongan.
Warta-warta sungkawa ngeunaan barudak nu katideresa, teu sirikna datang silih genti. Rerep ieu jol ieu! Nu séjén kakara leler, pucunghul deui kasus séjénna. Barudak nu nu diculik, dipergasa, jeung sajabana, taya kendatna. Barudak nu lemah lir leungiteun panyalindungan.
Nilik kakayan kitu, mémang, ceuk Hj. Nina teu bisa diantep. Kajadian-kajadian nu matak muringkak bulu punduk, sawadina ditalingakeun ku balaréa. Cindekna, masarakat sabudeureunana,  kudu milu niténan marudak. “Peristiwa kawas kitu, tiasa kajantenan di mana waé, di sabudeureun urang,” ceuk ieu Sekretaris BP3AKB Provinsi Jawa Barat.
Kajadian-kajadian nu tumiba ka barudak, mingkin deui mingkin mahabu.  Tapi, ceuk Hj. Nina, lain taya tarékah ngungkulanana.  Nu écés, cenah, upaya pamaréntah ngungkulan pasulaan kitu téh geus ti béh ditu kénéh. “Upaya nyegah teu kirang-kirang, mung upami tetep masih seueur kénéh kajantenan, tangtasna ogé masing-masing pihak kedah langkung engeuh kana ieu pasualan,” pokna basa ngobrol di bumi pamatuhananan di Dago Bandung.
Dina ngungkulan éta pasualan,  pamaréntah ceuk Hj. Nina leuwih neueulkeun paniténna ka kulawarga. Apan, ti dinya huluwotana pasualan téh.  Kajadian-kajadian nu matak nyentarkeun haté, bibit-buitna mah ti kulawarga. “Boh palaku, kitu deui korban, andil kulawarga kacida angeungna,” pokna.
Atikan  kulawarga dina ngungkulan pasualan kawas kitu teu bisa ditawa-tawar.  Cindekna, masing-masing kulawarga,  ogé lingkungan sabudeureunana, kudu mampuh ‘manggihan galagat’ piteuhadeueun. “Intina mah, kedah langkung ati-ati, ulah kabobodo ku ningal pasipatan jalmi luarna wungkul,” pokna.
Hj. Nina nétélakeun, kajadian di Kota Bandung, sawatara waktu ka tukang, nu dipaténi  ku budak lalaki pantaranana, raket tumalina jeung kaayaan kulawarga masing-masing éta budak. Kitu téh, di antarana, balaukar kulawarga teu apal persis kana paripolah barudakna, boh keur diimah, boh di lingkungan babaturanana. “Padahal, indung téh kudu hadir di mana waé jeung iraha baé,” pokna.
Maksud Hj. Nina mah, tatali batin indung jeung anak kudu terus nganteng, sangkan budak boga kadali. Da, upama dina diri budak aya pihak nu diajénan, boh indungna boh bapana, ogé pihak nu deukeut ka dirina, tangtuna ogé kalakuan éta budak téh moal ngaberung teuing.
Geusan ngajaga kajadian nu teu dipiharep, atawa ditiung méméh hujan, ceuk paribasa mah,  pihak pamaréntah Propinsi Jawa Barat, geus nyieun satuan tugas nu disebut Motekar. Éta téh kecap basa Sunda. Mun ceuk kamus mah, " …témbong usahana, ihtiarna kana jalan bener, kapinteranana.“  Tapi, ari “Motekar” nu dipaké ku Balai Pemberdayaan Perempuan dan Perlidungan Anak Keluarga Berencana (BP3AKB) mah,  singgetan tina motivator ketahanan Keluarga.  Éta téh para kader pemberdayaan masyarakat (KPM) di saban kalurahan atawa désa. Tangtu wé arinyana téh bagian ti masarakat desa/kalurahan nu boga pangaweruh jeung kadaék nalingakeun jeung mantuan masarakat ningkatkeun ajén hirupna.
Ari peran jeung pungsina, ceuk Hj. Nina, KPM téh di antarana, ngagancangkeun parobahan. Tangtu wé, dina harti mantuan kaum wanoja sangkan mampuh niténan pasualan-pasualan, sarta mampuh ogé keur ngungkulanana.
“Lian ti éta kader téh kedah janten médiator,  panyambung antara anggota kulawarga dina waktu aya kajadian pacéngkadan. Ku lantaran kitu, éta kader téh kudu boga kamampuh méré saran nu bisa ditarima ku éta anggota kulawara saupama aya pacéngkadan.
Peran séjénna,  ngatik masarakat, hartina téh bisa méré pangaweruh jeung saran-saran nu hadé nu bakal gedé mangpaatna keur kulawarga. Mampuh ngahudang kahayang pribadi jeung kelompok wanoja sangkan leuwih mangpaat di kulawarga.
Motekar jadi andelan kulawarga. Malah, éta ‘jurus’  ngabebenah masarakat téh, jadi Perda No. 9 Taun 2014 nu dikaluarkeun ku Pamaréntah Provinsi Jawa Barat. Ku lantaran kitu, larapna téh boga payung hukum anu jinek. Patugas nu aya dina Motekar, kaasup tanaga ‘pengerak’ désa. “Tangtos wé, kalebet jalma nu payus diturut,” pokna deui.
Nu boga kadaék ancrub dina “Motekar” moal gaplah, da aya inséntif. Patugas, saurang  téh narima  honor, Rp. 1.250.000,- perbulan, da saban désa/kalurahan téh saurang.  Ari dina taun 2016 mah ditambah antara duan atawa tiluan sadésa/kalurahan. Pancénna, nalingakeun kulawarga sarta milu ngungkulana mun éta kulawarga nandangan masalah.  *** 

Pola Asuh Anak
Warta-warta barudak jadi korban kaditeresa, teu weléh sirna. Kumaha ngungkulanana? Naha sistem atikan formal di urang masih lemah? Atawa pangaruh dunya luar nu geus teu walaka dibendungna?  “Urusan anak, ngabebenahna kudu dianggap leuwih penting. Lantaran kitu, pihak pamaréntah, kaamanan, akademisi atawa masarakat, kudu babarengan, kudu ngarasa boga tanggung jawab,” ceuk Prof. Dr. H. Mahmud, M.Si. Rektor UIN SGD Bandung waktu tepung dikantorna Jalan AH. Nasution Bandung.
Rupa-rupa katideresa nu nimpa anak di sababaraha daérah, kaasup nu pangdeukeutna di Bandung, mémang neudeun pasualan. Dina panitén ieu Rektor UIN, nu jadi akar masalahna mah aya dina pola atikan nu salila ieu teu dieusian ku pola asuhan anak. “Upama tilikan pendidikan, akarna mah, aya dina pola pendidikan nu mémang pola asuh anak can dianggap penting,” pokna méré harepan.
Hartina, upama salila ieu, para guru atawa kolotna di kulawarga saukur ngajarkeun nu sipatna talaran atawa bab fiqih, balukarna atikan barudak ogé moal saimbang. “Sangkan barudak kuat, guru atanapi di kulawarga henteu cekap ku talaran, tapi kudu jeung apal pola asuh nu samistina,” pokna deui.
Rupa-rupa palaku jeung korban katideresa, beuki dieu beuki mahabu. Sapertina waé nu matak ngagéhgérkeun téh kasus ‘pelecehan seksual’ ka 14 santri ku oknum ustad di Cicéndo Kota Bandung. Kitu deui, kasus-kasus séjénna di nimpa di daérah di Jawa Barat. Palebah dieu, Prof. Mahmud ogé miharep ka pamaréntah, pihak kaamanan, ogé ka sakumna masarakat sangkan pasualan anak ulah dianggap leutik, nu héabna kaéléhkeun ku kasus korupsi. Malahan upama méntal barudak ancur, lantaran meunang katideresa, hartina nagara ogé bisa ancur.
Lantaran kitu, pasualan atikan, hususna atikan kulawarga kudu ngadumaniskeun élmu talaran jeung pola asuh anak. “Supados murangkalih kiat, moal kaolo ku nu teu puguh, pola asuh anak, ti ayeuna kedah lebet ka sakola-sakola,” ceuk Prof. Mahmud teureuh Bekasi téh.  
Mentingkeun atikan ka barudak, dina ajaran Islam jadi kawajiban. ‘Quu anfuskum wa ahlikum naaro’. Malahan ti saméméhna ogé (pertikahan kénéh) apan kolot baheula ogé sok nitipkeun sangkan pilihan téh nu hadé bibitna, bébétna jeung bobotna. “Papatah Sunda nu sumpingna tina ajaran Islam, apan kacida luhurna. Tujuanana ogé sangkan ‘gen’ nu hadé téh, ka dituna mah tiasa mahing murangkalih tina rupa-rupa barabahaya,” pokna nutup obrolan. *** 

Milih Gurat Marengan Umat


MangleMunggah haji misti daria. Kudu titih-rintih tur ati-ati. Kituna téh sangkan satutas na nyumponan ibadah haji, bisa ngahontal tujuan, jadi haji mabrur. Saterusna, mangpaat keur dirina, ogé pihak séjén, ka asup bisa nyeungitan lemah cai.

*
Dina panineungan mangsa baheula, seungitna hiji lembur, lantaran aya Pa Haji. Nu ngajak ngaji, nu ngawurukan, nu ngama’murkeun madrosah, nu mekarkeun pasantrén, éta téh sok dialpukahan ku Pa Haji. Hartina, ku ayana Pa Haji, lembur ogé jadi seungit ku kamulyaan, lantaran éta Pa Haji saméméhna geus di‘seuseuh’ geusan jadi ‘utusan’ Islam nu rohmatal lil’alamin.
Seungitna ibadah haji, mémang jadi harepan sakumna umat. Lantaran, sadayana umat Islam ogé, pasti haroyong nyumponan rukun Islam nu kalima. “Sanajan, taun ayeuna di Mekkah seueur musibat, tapi tetep seueur pisan nu haroyong munggah haji,” ceuk Dr. H. Jaja Jahari, M.Pd. Ketua Dewan Pertimbangan PUI Jawa Barat waktu ngobrol rinéh di kantor Perguruan Darul Hikam Bandung.
Tapi sanajan kitu, musibat nu nimpa ka para jamaah taun ayeuna, kudu jadi tadzkiroh atanapi eunteung. Sahenteuna ceuk H. Jaja nu geus dua kali munggah haji (taun 1994 jeung 2013), loba ogé hikmahna. Kahiji, sual manajemen haji, jinek kudu dibebenah deui. Kadua, keur para jamaah kudu jadi bahan ibroh sakaligus ujian, naha mampuh jadi hamba ahli syukur atawa ahli kufur? Malahan, sanggeus mulang, kudu mampuh nanjeurkeun kasoléhan sakumaha nu jadi angen-angen geusan jadi haji mabrur. Hartina, ibadah haji kudu jadi ‘seuseungit’ keur lingkunganana. “Nu kawitna seueur belang betong dina ibadahna, kedah robih jadi ahli ibadah. Kitu deui dina urusan sosial, kudu jadi béréhan, nyaahan jeung kasoléhan sosial séjénna,” pokna deui.
Ibadah haji ogé lain keur ngungudag kadunyaan atawa status, saperti nu dicontokeun waktu jaman Jahiliyah. Lantaran kitu jinek pisan, datangna ajaran Islam ngaliwatan ibadah haji geusan ngalelempeng paniatan, sangkan hirupna salamet di dunya ogé salamet engké jaga di ahérat.
Ibadah haji kacida mulyana. Lantaran kitu, teu anéh upama nu dalaptar teu weléh antri pada mikahayang geura-geura nyumponan Ibadah Haji. Ngan upama éta kahayang henteu lempeng paniatan atawa mung saukur jadi pangbibita dunya, ceuk Pa Haji Jaja mah, ka dituna bakal jadi bahla. Bahla keur dirina ogé bahla keur lingkungan sabudeureunana. “Atuh, nu rék ngajak ibadah haji ogé, ulah saukur ngabibita urusan dunyana,“ ceuk ieu pangarang buku ‘Memaknai Kembali Ibadah Haji dan Qurban dengan Membangun Kembali Kekuatan Ummat’.

Seuseungit Lembur
Haji Mabrur kacida dianti-antina. Lantaran, ceuk ieu teureuh Kuningan, sakumaha pidawuh Alloh nu ditétélakeun dina surat Al-Baqoroh ayat 197, ébréh kacida. Haji mabrur, bakal ngabuktikeun dirina mampuh miceun pasipatan nu matak ngaruksak jeung ngotoran dirina, saperti rofats, fusuk jeung jidal. Upama geus mampuh nyingkahan éta pasipatan, dirina bakal jadi rohmatala lil’alamin, saperti bakal mampuh tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
Haji mabrur nyatana jamaah haji nu mampuh nyeungitan lemah cai. Ngan, ari dina prak-prakanana mah, bakal balik deui ka pribadi-pribadina. Hartina ogé, satutas ibadah haji bisa nyeungitan lemah cai, nyaéta kudu ngancik dina diri pribadina pasipatan anu leuwih hadé, saperti tauhidna, tawakalna, resep tutulungna, leuwih soméah hadé ka sasama jeung sajabana.

Milih Gurat Ngasuh Umat  
Dr. H. Jaja Jahari, M.Pd.  lahir 7 Maret 1956 di Bandorasa Wétan Kabupatén Kuningan. Lemburna téh léngkob gunung Ciremai. Sakurililingna kebon jeung pasawahan. Palataran umpak-umpakan, luhur-handapan. Atuh, cai gé cur-cor. Dina alam kawas kitu, cicirén ébréhna anugerah Nu Mahakawasa ka mahlukna. Ieu putra Abah Rana sareng Ambu Duriyah, ti leuleutik diasuh dilingkungan agama. Indung tunggul rahayu bapa catang darajat, keur Jaja mémang karasa pisan. Teu weléh sepuhna mapatahan sangkan Jaja pengkuh agamana ogé luhung pangabisana. Kanyaah kulawarga, ahirna mah, mukakeun haté, ngajurung ludeung, ngandelan kahayang geusan hirup mandiri. Nya saterusna mah, boga kadaék, daék sakola, daék ngaji, kaasup mantuan kolot ngurus lahan tatanén jeung ngebon, ogé ngingu ingon-ingon. Saterusna, kadaek gé nambahan, diajar usaha, dagang purah balanja jeung ngaladangan di warung.
Masih natrat dina ingetanana waktu diajar dagang. Harita, kakara umur sawelas atawa dua welas taun. Sok balanja, wadah nu dibawa téh oblok atawa bakul jeung  ayakan leutik. Nu dibeuli rupa-rupa, ngan da teu loba robahna saban poé téh ukur meuli kabutuh sapooé,  tahu, tempé, dagé (hamapas tahu), bawang, céngék, jéngkol, lauk asin jeung sajabana. Barang balanjaan diéntépkeun dina oblok jeung ayakan téa. Geus kitu mah, disuhun dibawa balik. Lian ti kitu, sok ngider deuih. Biasana mah, mapay-mapay ti pasar nepi ka lembur. Nyuhun dagangan téh ti wétan ti lebah Désa Blok Gombong.
Dagang mapay ti pasar nepi ka imah, tara nepi ka béak. Kitu téh, lantaran kawatesanan ku waktu, ulah nepi ka kabeurangan sakola. Tah, sésana didagangkeun di imah. Nu dijual di imah, lain ukur meunang balanja, da ditambahan deuih ku hasil ti kebon, saperti kalapa nu geus dikeureutan, seureuh keur nyeupah, lalab-lalaban saperti  lobak pelak sorangan.
Ngaléngkah ti kulawarga, H. Jaja saterusna mah diajar ludeung. Kitu téh lantaran geusan hayang leuwih maju. H. Jaja sanggeus tamat ti SR, langsung ka PGA (Pendidikan Guru Agama) PUI Cilimus di Kuningan, nu ahirna abus ogé ka IAIN SGD di Cirebon.
Satutas boga bekel ti kulawarga, sawadina miang diajar mekarkeun poténsi pribadi. Nya tangtu wé, mimitina mah, teu leupas tina atikan kulawarga, nu teu weléh neundeun katineung.
Pangalaman Dr. H. Jaja Jahari, M.Pd., apan mandiri pisan. Ngolah lahan, ngebon, ngingu ingon-ingon, jeung melak lauk, jadi kakuatan ékonomi nu teu kudu gumantung ka pihak séjén. Horéng, pangalaman mangsa keur budak kawas kitu gé, natratkeun pasipatan sabar, keyeng, daék capé gawé, kalayan tetep kana kayakinanana, papastén mah kagungan Gusti Nu Mahasuci.
Saréngséna lulus kuliah, H. Jaja teu weléh pada ngajak, utamana kana kagiatan da’wah, ngajar jeung ngurus organisasi kaumatan, saperti di PUI (Persatuan Umat Islam). Malahan ancrub di PUI mah geus ti mangsa rumaja kénéh, saperti aktip di PII. Lian ti di organisasi, ngajar deuih di SMP, SMA Pertiwi Kuningan jeung SMP Muhammadiyah I Cirebon.
Geusan ningkatkeun élmu pangaweruhna, ti Cirebon, H. Jaja lunta ka Bandung kuliah deui ka S1 IAIN di Bandung jeung S2 jeung S3 di Universitas Pendidikan Indonesia (UPI). Lantaran pangaruh di organisasi, atuh sanggeus di Bandung ogé teu ngawagu jeung mémang loba baladna. Malah, sanggeus diangkat PNS nyangking dosen di IAIN SGD Bandung jeung nikah ka teureuh Bandung Dra. Nina Sri Inayati, Apt. M.Kes., H. Jaja ogé beuki loba kagiatan. Saperti nyangking Ketua PUI Jawa Barat dua periodeu, ngurus di Yayasan Darul Hikam, Adda’wah, Pusdai Jabar, ngajar di STM Cianjur, di SMAN 22 Bandung, pembimbing haji di Qiblat Tour, Safari Suci jeung sajabana.
Pilihan H. Jaja milih gurat keur ngasuh umat, mémang luyu jeung tékadna. Lantaran kitu, dina widang organisasi kaagamaan, beuki loba nu mercaya. Sapertina deui aktip di MUI Jabar,  ICMI Jabar, BKUI Jabar, FKUB Jabar, Fosi Jabar jeung sajabana.
Ngadumaniskeun mancén di organisasi, kagiatan da’wah, ogé dosen di paguron luhur, Dr. H. Jaja Jahari, M.Pd. nu taun 2010 kasinugrahan Satyalancana karya satiya  XX ti Presiden SBY,  teu weléh nyatetkeun catetanana jadi cutatan, boh dina wangun buku atawa dina karya ilmiahna. Pangalamanana nyorang lalakon panjang. Ngan, tangtu wé, kituna téh  dibarengan ku karep jeung kakeyeng dina ngalaksanakeun pancén nu jadi tanggung jawabna. “Dina keyengna ngalaksanakeun ibadah sareng da’wah, kantenan kedah dibarung ku tarékah nyontoanana,” pokna nutup obrolan. ***

Pasanggiri Nulis Carita Lucu

Dina Miéling Milangkala ka-58 Majalah Manglé (21 Novémber 1957 - 21 Novémber 2015), baris diayakeun Pasanggiri Nulis Carita Lucu keur sakumna mitra Manglé sadaya.
Pasaratanana :
1. Nu ditulis kudu karya asli, lain tarjamahan atawa meunang nyarungsum , sarta tacan kungsi
dimuat dina media citak mana baé.
2. Panjangna naskah maksimal 4.000 tepi ka 7.000 karakter atawa 700 tepi ka 1.200 kecap.
3. Karyawan/wartawan majalah Mangle teu meunang miluan Pasanggiri nulis carita lucu.
4. Pamilon bisa ngirimkeun naskah maksimal dua judul.

Naskah dikirim ka redaksi Manglé, Jl. Pangkur No. 20, Bandung, atawa kana email:
redaksimangle@yahoo.com (file nu dikirim ditulisan “Sayembara Carlu”).
Saelat-elatna tanggal 18 November 2015.
Para piunggul baris dilélér Hadiah “Artos Kadeudeuh” ti Mangle totalna:
genep juta rupia ditambah Piala Gubernur Jawa Barat & Bupati Bandung.
·         Hadiah Piunggul kahiji Rp. 3.000.000,00 (Tilu Juta Rupia)
·         Hadiah Piunggul kadua Rp. 2.000.000,00 (Dua Juta Rupia)
·         Hadiah Piunggul katilu Rp. 1.000.000,00 (Sajuta Rupia)
·         Hadiah tos kalebet honor dimuat dina Manglé.

Karangan séjénna anu diajén pantes, bakal dimuat dina
Manglé, tur dihonoran sakumaha mistina.

Rédaksi Manglé

Napak Tilas

Gek kuring diuk dina jukut sisi jalan satapak, ngareureuhkeun kacape. Taktak asa semplak pira oge nangung kalapa jeung gula kawung anu teu sabaraha piduiteunana. Awak anu pinuh ku kesang digeberan ku dudukuy. Kuring nangung kalapa jeung gula kawung jualeun ka Bintang harita teh. Ti lembur sok indit isuk keneh, mapay jalan satapak ari nepina paling gancang wanci lohor. Kawas wanci harita, keur jaman harita di Bintang aya pabrik perkebunan anu walanda, nya kira-kira mah taun 60-an. Waktu harita masih keneh hese hayang meuli pangabutuh sapopoe teh. Meuli minyak tanah jeung uyah oge kudu ka Tanggeung anu lamun disorang butuh waktu sapoe bolak-balik.
Kuring oge kudu we samingu sakali mah ngincring ka Tanggeung, balanja minyak tanah jeung uyah ti koperasi. Can aya mobil anu nepi ka lembur. Da ti cianjur oge mobil teh ngan nepika Tanggeung. Kitu oge hiji dua can rame kawas ayeuna. Sok remen bati tina ngajual minyak tanah jeung uyah teh dibelikeun kana kalapa jeung cau atawa gula kawung, tuluy ku kuring dijual deui. Mimitina mah ka anu deket ngan lila ti lila ceuk bapa teh, “ka Bintang ayeuna mah ngajual kalapa teh, keun engke di ahad, dipihapekeun ka bah Ohim babaturan bapa.”
Nyaaheun mana kitu oge bapa teh, da masih keneh ingeut basa indit bareng ka Bintang, pangdangdanankeun tangungan kalapa, “tong loba teuing”, ceunah, “tapi kudu mineung”. Sanggeus nepika Bintang, sakumaha jangjina mawa kuring ka bah Ohim, tuluy mihapekeun basana “bah Ohim, ieu budak dewek rek diajar dagang ulah dicekek harega mihape, budak keneh.”
Rek teu disebut budak kumaha da harita kuring can sakola. Lain kuring anu embung ngan kawantu euweuh sakola. Kakarek sababaraha taun ti harita aya sakola, nya kuring oge asup sakola ngan ari kana dagang mah henteu ditingalkeun.
Angin anu ngahiliwir beut terus mawa kuring ka waktu anu geus kalarung. Tong pati teuing diingeutan. Jung nangtung rek nuluykeun lalampahan, bisi kaburu beurang.
Seep tanjakan gog anjog ka warung leutik anu sok ngajualan rujak cingcau. Reug eureun tuluy nyeulang heula meuli rujak cingcau dua gelas teu kuat ku hanaang, rujak cingcau dua gelas ngan sakoteap. Song dibayar, leos indit deui gura-giru.

***

“Na asa beurang ayeuna mah jang?” ceuk bah Ohim nanya sanggeus kuring ngecagkeun tangungan.
“Lah sidikeun mopo meureunan bah, bari ieu deuih awakna keur teu geunah, nyareuri” tembal kuring.
“Nya atuda ari usaha mah kitu, tara salalawasna geunah oge tara salalawasna ripuh. Pan ujang oge tadina tas ripuh, cape, pan ayeuna rek nampa duit” ceuk bah Ohim.
“Nyaeta ari abah mah teu kireum-kireum ari ngupahan teh” ceuk kuring bari ngadayagdag nyarande.
Teu sawatara lila, gerung aya sora mobil datang. Barang direret, eunya bae truk paranti bah Ohim nyaba geus datang.
“Jang milu moal ka Ciwidey?” kadenge deui sora bah Ohim ti jero.
“Moal, pan isukan kudu ka sakola bah!”.
“Ieu atuh duitna” ceuk bah Ohim bari tuluy nuduh-nuduh barangna anu rek dibawa. Kayaning cau, kalapa, beas, gula kawung jeung rea-rea deui barang jualeun ka Ciwidey. Hiji kota kacamatan di Bandung belah kidul.
Beuki lila kuring beuki wani. Barang jualeun oge ngalobaan, samingguna sok aya kana dua atawa tilu tangungan. Atuh mimiti ti harita kuring boga panangung, nu sok ngabogaan jadwal mantuan nangung ka Bintang.

***

“Minggu ayeuna mah loba meureun maneh teh meunang barang, pan ti Tegallega oge aya kana tilu tangunganeun lain?” ceuk indung kuring basa rek indit ka Bintang.
“Lumayan meureun ayeuna mah, da gula oge aya kana sapuluh bengketna, can cau jeung kelapa” tembal kuring bari nyokot rancatan.
“Syukur atuh, ngan ema mah pangmeulikeun kurupuk we satiir mah, aeh sabaraha haregana satiir teh?” pokna.
“Ah pira oge saketip satiir, urang meuli lima tiir mah” pok teh, “hayu ah ma bisi beurang teuing.”
“heg, kade dijalan sing ati-ati!”.
Ti saprak harita mah tara sorangan nangung ka Bintang teh, da sok dibaturan ku sababaraha urang panangung barang anu kuring. Ngan aya hanjakalna, poe harita basa ema kuring pesen pangmeulikeun kurupuk, barang nepika imah. Kurupuk anu lima tiir teh, lences parareot. Lain ku kahujanan, tapi kaanginkeun da jauh tea jeung teu dikantongan da euweuh tea jaman harita mah.
Reres tamat sakola kuring boga keteg hayang neruskeun sakola, da harita mah keur babari keneh. Ngan tingal nuluykeun tilu taun sakola deui, engke lamun geus tamat baris diangkat jadi guru. Loba harita oge babaturan sakola anu neruskeun, nya ayeuna teh geus jaradi guru atawa kapala sakola, teu saeutik oge anu geus pangsiun. Ngan waktu harita basa kuring bebeja hayang sakola, kolot nyaeta bapa teu pati  nyatujuan, pokna “batur oge anu sakola, make jeung dahar. Ayeuna mah beurik we ku otak, da bapa oge lain teu hayang nyakolakeun, ngan mana atuh biayana?”.
Tah ti saprak harita, kuring neundeun dina jero hate kahayang pikeun sakola anu jadi hareupan ulah karandapan deui ku anak ayeuna anak mah kudu sarakola, sabab karasa peurihna hayang sakola teu jadi teh. Da ceunah mah euweuh biaya, padahal harita munding oge aya kana genepna, mun dijual hiji mah dipake biaya. Nyaeta atuh da Alloh mah langkung uninga kana naon anu baris karandapan ku makhluk-Na.
Keur mapalerkeunana, nya kuring beuki sumanget kana dagang. Beuki lila pangwangunan ti kota oge terus nyurungkuy ka gunung, kuring oge geus ti dinya mah teu ka Bintang deui sabab jalan ti Bintang geus ditepikeun ka Cimaskara. Jadi aya kana samingu dua kali mah kuring ka Cimaskara, da beuki deket ka leumbur kuring.
Waktu beuki nyerelek, anu baheula leutik ayeuna geus kolot, nincak atun 70-an kuring sok remen ka Ciwidey selang-selang lamun keur rineh. Beuki lila  mah beuki wani, nepika ngajual barang oge aya kan ton-an ka Ciwidey teh. Ari balik ti Ciwidey sok rajen balanja pibajueun atawa baju nu geus jadi, ideur kenen di kampung. Waktu harita sok aya kana tilu poena ngider ti hiji pasar ka pasar anu sejen. Lamun keur negtog mah balik ka imah teh ngan saukur mawa lawon panggemolna wungkul. Ti harita sigana rijki teh ku pangeran dibukakeun keur kuring. Sanajan tina usaha kitu oge, kuring make kuat meuli sawah atawa tanah pikeuboneun.
Beh dieuna sanggeus ngarasa bosen ngider ngajualan pibajueun jeung baju anu geus jadi, kuring pindah usaha ari balik ti Ciwidey tas ngajual barang teh tara mawa pibajueun deui tapi sok balanja pangabutuh sapopoe di kampung. Tegesn ati harita mah kuring teh ngawarung diimah.
Dina taun 80-an, kuring  make kapareungkeun dagang beas ka Cipanas anu mimitina mah ceuk akina barudak, basana teh “pangjualkeun itu beas anu bapa itung-itung ngamodalan we, da mere mah euweuh”.
Atuh kuring jadi beuki rancage bae dina usaha, poe ahad indit ka Ciwidey ngajual barang kayaning cau jeung kalapa, atuh balikna geus nyampak beas dipabrik iangkeuneun ka Cipanas dina poe Rebona. Jadi harita mah saminggu dua kali, ka Ciwidey jeung ka Cipanas usaha teh.
Kuring leuwih sapuluh taun kikituan, anu satuluyna mah kuring pere ka Cipanas keur mah cape katambah kabehdieunakeun geus loba nu usaha kana beas kawas kuring. Jadi lamun diteruskeun oge moal pati loba untungna, da geus loba saingan. Ngan ari ka Ciwidey anu henteu ditingalkeun teh, eta mah masih keneh nepika ayeuna.
Ayeuna kuring geus kolot henteu pati kana usaha, ngan tingal merhatikeun jeung ngajununkeun anak we sina sarakola. Sanajan hasil ngan saukur tina pare anu sausum sakali kaalana. Kuring mereketkeun maneh hayang nyakolakekun anak, hiji hal anu baheula ku kuring teu karandapan da euweuh biaya ceunah. Ayeuna oge ari biaya mah euweuh ngan kahayang jeung cita-cita anu ngagedur anu sok mepes ripuhna gawe. Kagantian sugan ari nempo anak jaradi jelema mah, kapeurih jeung ka prihatinan baheula teh lain dongeng, ieu mah ngan lalakon anu didongengkeun deui. Sugan aya pulunganeunana.*** Cigeresik, 24 Januari 2005
*) kado kanggo pun bapa)

Urang Sunda Mieling Taun Islam di Kuwait

Mangle
Dimana wae ayanana, keur urang Sunda mah asa deukeut. Sok sanajan ceuk paribasa beda sumur beda tampian, tapi ari dina katuangan mah, angger menu Sunda. Kituna teh, saperti urang Sunda nu daramel di Kuwait.
Loba kumpul ahirna jadi loba baraya. Kitu nu kasaksian urang Sunda Kuwait (PPK) waktu mieling ganti taun anyar Hijriyah 1437 H nu diayakeun di Tower Kuwait. Sanajan jauh ti lemburna tatar Sunda, tapi ari kabiasaan mah weleh ngalarapkeun tatakrama  jeung balakecrakan katuangan has Sunda

Anugerah Budaya keur Mangle

Mangle


Taun 2015, alhamdulillah Majalah Mangle kabiruyungan kenging pangdeudeul Anugerah Budaya Kota Bandung, 13 Oktober 2015 di Ruang Bale Pasundan, Kantor Perwakilan Bank Indonesia. Mangle nu geus nincak 58 taun, lian ti tujuanna keur ngamumule basa Sunda, oge keur ngalarapkeun amanah sakumna urang Sunda ngalangkungan rumusan Perda No. 14 Taun 2014 ngeunaan kawajiban ngamumule basa daerah di Jawa Barat. Hartosna, Mangle memang bacaan urang Sunda di sakuliah dunya. Upama moto Mangle, Ati Sunda Jati Sunda Jajaten Sunda, lantaran kanyaah Mangle ka Sunda, sami sareng nyaahna urang Sunda ka Mangle. Margi kitu, hatur nuhun ka sakumna mitra Sunda sadayana. Mugi salawasna aya dina ginanjar kawilujengan, sehat lahir tumekaning batin.


Harita lian ti anugrah keur Mangle oge keur sababaraha inohong jeung lembaga sejenna nu salila ieu teu petot-petot mere ‘seungit’ ka Kota Bandung, nyaeta :
1. Ade rudiana, Bidang Karawitan
2. David Bambang Sudiono, Bidang Heritage
3. Doel Sumbang, Bidang Musik
4. Forum Film Bandung, Bidang Film, diwakili Eddy D Iskandar
5. Galeri Soemardja, Bid Seni Rupa
6. Gerbong Bawah Tanah, Bidang Penggerak Kretivitas
7. Jim Supangkat, Bidang Pemikir Kebudayaan
8. Komunitas Aleut Bidang Pecinta Sejarah
9. Majalah Mangle, Bidang Sastra, diwakili Uu Rukmana
10. Mas Nanu Muda, Bidang Tari
11. T Bachtiar, Bidang Lingkungan
12.Yusep Mulyana, Bidang Teater

Ngarojong Mekarna Budaya Sunda di Kuwait

MangleDuta Besar Republik Indonesia keur Kuwait, Tatang Budi Utama Razak teu weleh ngarojong kana mekarna budaya Sunda. Kituna teh, sakumaha kasaksian, waktu silaturahmi pangurus Paguyuban Pasundan Kuwait (PPK) ka pihak Dubes RI Kuwait.
Tina hasil silaturrahmi, Pa Dubes nu memang teureuh Ciamis, ngarojong sababaraha kagiatan PPK nu patali sareng budaya. Di antarana wae mere alat-alat rampak gendang, angklung, reog jeung sajabana. ***

Résiko Haji

“Innnalillahi wa inalillahi.....”Mangle


“Saha nu maot, Mang?”
“Hih, Alo mah bangun anu kakara baé ngobrol jeung Mamang.”
“Ari kitu, kumaha, Mang?”
“Ieu mah Innalillahi tanda kamusibahan, Lo.”
“Oh, saha nu kamusibahan, Mang?”
“Dulur-dulur urang nu keur ngalaksanakan ibadah haji kapan, Lo.
“Aéh enya, nya. Ngiring béla sungkawa nya, Mang, ka sadaya kulawargi nu kamusibatan.”
“Yaktos.”
“Padahal teu disangka ti saméméhna bakal aya angin puyuh jeung hujan, Mang. Pan di Mekah mah cenah jarah aya hujan.”
“Enya, Lo. Éta hal mangrupa tanda kakusaan Alloh sakaligus cocoba keur anu kamusibahan.”
“Padahal crane anu dipaké pikeun ngalegaan pakarangan Kabah téh sakitu tohagana, bisa nepi ka rugrug.”
“Pépéling ti Maha Kawa matak kitu gé meureun, Lo.”
“Pépéling kumaha, Mang?”
“Enya ngélingan manusa, sangkan ulah adiung adiguna. Sakumaha tohagana buatan manusa, ku kakawasaan Alloh mah ngan sakedét nétra bisa ancur burakrakan.”
“Yaktos.”
“Hal sarupa kitu ogé némbongkeun yén mémang ibadah haji téh beurat.”
“Har?”
“Pan beurat ogé ibadah haji mah, Lo.”
“Jaba jauh jaba ka sagara keusik nyah, Mang?”
“Lain masalah jauh jeung sagara keusikna, Lo.”
“Ari kitu?”
“Ibadah haji téh kapan répléksi perjuangan Nabi Ibrahim dina ngajalankeun paréntah Alloh. Kapan sakitu beuratna perjuangan Nabi Ibrahim téh. Réa pisan cocoba jeung dodoja anu kudu disanghareupan. Nabi Ibrahim mah kapan éstuning téga lara téga pati dina ngajalankeun paréntah ti Alloh SWT téh.”
“Ambuing.”
“Hartina dina ngajalankeun ibadah haji urang ogé kudu hampelas raraga jati, ihlas raga eujeung pati. Seja ngajalan paréntah Nu Maha Kawasa sok sanajan kudu nandonkeun nyawa.”
“Gusti.”
“Malah mah kapan dodoja jeung cocoba téh aya kalana kaalaman saméméh nepi ka Arab, atawa keur di lembur kénéh.”
“Bener, Mang. Réa kasus anu tumiba ka para calon jamaah haji. Ti mimiti nu visana hésé kaluar nepi ka nu katipu ku oknum sarta antukna teu bisa miang jarah ka tanah suci. Duit lapur, indit henteu.”
“Éta ogé mangrupa salasahiji résiko dina ngajalankeun ibadah haji. Jadi, ibadah haji mah mengandung résiko ti mimiti rék miang, di tanah sucina, nepi ka balikna deui ka lembur.”
“Jadi kudu kumaha atuh, Mang?”
“Nya kudu ihlas wé da ngaranna ogé ibadah.”
“Urang ogé kudu ihlas nya, Mang, tacan baé diparengkeun miang ka tanah suci.”
“Lain kudu ihlas, tapu kudu terus ngadu’a.”
***