Batu Pancawarna Edong Keur Konperensi Asia Afrika

Walikota Bandung Ridwan Kamil nyadiakeun batu akik keur 109 tamu Konferensi Asia-Afrika ke-60 di Bandung. Batu akik jenis Baturaja warna biru nu alesanana sangkan luyu jeung warna has kasebelasan Persib Bandung.
Batu akik jenis chalcedony ieu teh asalna ti kota Baturaja, Kabupaten Ogan Komering Ulu (OKU), Sumatera Selatan.
Desain watang batu akik ieu dijieun mangrupa tumpukan segi tilu di sakurilingna. Dua sisi watang ditambahan kecap “Asia” jeung “Afrika”, ditambahan kecap “Bandung 2015” di handap watangna.
Lian ti akik Baturaja, Walikota Bandung Ridwan Kamil nyiapkeun oge souvenir batu Akik Pancawarna Garut pikeun dijadikeun hadiah ka delegasi nagara anu hadir dina mieling 60 taun Konferensi Asia Afrika(KAA) 24 April 2015 di Bandung. Ridwan Kamil geus nugaskeun tim ti Kabupaten Garut sangkan mesen ka pangrajin batu akik pilihan, sangkan ulah nepi ka nguciwakeun tamu nagara.
“Tim ti Garut tos babagi pancen sareng digarapna sacara babarengan supados maksimal”, ceuk kang Emil.
Kepala Nagara tamu KAA lalaki bakal meunang batu akik ti batu-batu raja Sukabumi. Ari keur  Ibu Nagara mah  liontin ti batu Pancawarana Garut.
Warga Jawa Barat bakal ngiring reueus, kumargi batu Pancawarna bakal dipasihkeun minangka cinderamata ka Ibu kepala Nagara ti delegasi KAA” pokna.
Batu Pancawarna diproses jadi 109 liontin, luyu jeung jumlah nagara anu diondang ngahadiran KAA. Koperasi Lasminingrat geus mere sumbangan batu akik Pancawarna Garut, miharep cinderamata ieu bisa jadi kenang-kenangan anu moal bisa dipopohokeun ku para nagara pamilon KAA.
Bongkahan batu Edong Garut nu beuratna 60 kilogram bakal jadi suvenir keur 109 Ibu Nagara dina Konferensi Asia Afrika, di Bandung.
Ketua Koperasi Lasminingrat Yudi Nugraha netelakeun sabada ningali bagean tina bongkahan batu Edong anu dominan warna hideung sarta motif corak gambar, pihakna milih wangun liontin minangka suvenir KAA.
"Motif sapertos kitu  bakal cocok kanggo liontin," ceuk Yudi.
Ukuran liontin dijieun panjangna 3 cm, rubak 2,5 cm sarta kandelna 1 cm.
Koperasi Batu Garut Lasminingrat ahirnya dibere kapercayaan pikeun nyadiakeun cinderamata keur para pamilon Konfrensi Asia-Afrika (KAA) Ka-60.
“Alhamdulillah, bapa Walikota Bandung anu kapancenan janten panitia tuan rumah KAA, keresa masihan kapercantenan ka Koperasi Lasminingrat Garut kanggo ngadamel cinderamata ka 109 Nagara pamilon KAA,” ceuk Dicky Chandra Negara salaku wakil Koperasi Lasminingrat di Bandung.
Nurutkeun Dicky dina proses nyieunna ieu batu nu jadi liontin teh dijieun ku para ahli pangrajin Batu Akik di Garut.
Walikota Ridwan Kamil nganuhunkeun pisan ka warga Garut nu geus nyumbangkeun batu mulia asli Garut nu beuratna 60 Kg ieu.
“Hal ieu luar biasa pisan sumbangan Pancawarna ti Garut 60 Kg ieu teh sakilona kirang langkung upami dihargakeun dugi ka Rp. 5 Juta, jadi warga Garut teh parantos nyumbang kanggo kagiatan KAA ageuna Rp. 300 Juta,”pokna pinuh kareueus.
“Liontin ieu bakal dipasihan katerangan supados para tamu terang asal muasal liontin ieu. Anu nganggena bilih kataji tur bade mesen tangtosna pasti terang kedah kamana,” pokna semu promosi.
Dilibatkeunana Koperasi Lasminingrat Garut, bisa mere dampak positip, hususna dampak ekonomi, sarta bisa dijadikeun promosi daerah.
Batu Pancawarna Garut anu jadi suvenir para ibu kepala nagara anu hadir dina mieling Konferensi Asia Afrika (KAA) geus siap. Bos akik Garut Yudi Nugraha ngajamin ieu batu souvenir teh kualitas pang alusna.
"Mudah mudahan batu ieu hasilna luyu sareng naon anu dipiharep," ceuk Yudi.***

0 komentar:

Posting Komentar