Walungan

1.
ngaheruk  neuteup cai ngembeng ngahideungan lukut
cimanuk piraku rék tilar nuturkeun citarum nu geus lawas bangkar
budah ngagulung ngungun cimanuk piraku rék nuturkeun
almarhum citarum
                          ****
2.
abringan widadari nitih katumbiri rék marandi di cisanggiri
tapi leuwi  pangancikan putri nu ngahaja sarumping ti langit
kiwari geuning geus leungit
hiji dua aya tapak liuh ulekanana
ngan teu canébrang hérang kawas ti heula
malah lecek kabina-bina
apan di girang aya pabrik aci salima-lima
miceunan onggok sangeunahna ka dinya

atas nama invéstasi
atas nama ngalegaan lapangan kerja
keur saratus dua ratus urang
kajeun ngabinasa jutaan flora jeung fauna
dalah manusa milu kababad tanpa daya

ti alam kasucian geunggeuik ketir para pohaci
nyeungceurikan cisanggiri
****
3.
curug jabung ngaguruh
gulidag badag teu paduli musim
ngijih halodo sarua baé
pangpalidan ti girang di dinya bahé

ngan  éta lalakon baréto
keur leuweung héjo ngémploh
mangrebu cinyusu tanggoh di tonggoh
ayeuna mah apan geus bulistir
gunung jeung pasir   terus-terusan digangsir

curug jabung kari bugang
saat sapisan
dalah batu jeung keusikna geus ledis
disasaak  napsu manusa nu beuki bengis

0 komentar:

Posting Komentar