Pamarentah Jawa Barat Napakkeun Islam di Masarakat

Turunna Agama Islam lain keur nyangsarakeun umat, tapi keur ngawangun peradaban hakiki, nyaéta keur nanjeurkeun karaharjaan, kahadéan, katengtreman di ieu alam dunya. Kitu ceuk Gubernur Jawa Barat,  Dr. (H.C) H. Ahmad Heryawan, Lc.
Dalitna Islam jeung Sunda, lain saukur dina sajarah, tapi ogé napak dina karakter masarakat Jawa Barat. Ku lantaran kitu, kawijakan H. Ahmad Heryawan dina ngokolakeun pangwangunan di Jawa Barat, payus pisan upama napakkeun ajaran Islam dina kawijakanana. “Ajaran Islam éstuning ngatur peradaban manusa nu saimbang. Pangna kitu, kawijakan pangwangunan di Jawa Barat kudu neueul kana dasar agama,” cék H. Ahmad Heryawan waktu nepikeun orasi ilmiah dina raraga narima gelar Doktor Honoris Causa widang Siyasah Syari’iyyah (Katatanagaraan Islam) ti UIN SGD Bandung, 17 Juli 2014 waktu kaliwat.
Orasi Ilmiah nu jejerna ‘Transformasi Paradigma Tata Kelola Pemerintahan Menuju Masyarakat Madani Bersaing Tinggi’, mémang mawa harepan keur Jawa Barat nu islami. Lantaran, cék H. Ahmad Heryawan, keur ngalarapkeun pamaréntahan di Jawa Barat, sahenteuna bisa digambarkeun tina lima perkara nu salila ieu teu weléh dijadikeun kawijakanana. Nu kahiji, konsép dasar Islam dina peradaban nu saimbang sarta tatanan masarakat madani jeung cara ngalarapkeunana. Kadua, pangalaman kapamingpinan di Jawa Barat. Katilu, transformasi paradigma dina ngokolakeun pamaréntahan. Kaopat, pamikiran keur ngungkulan tujuh pasualan nu lain édél-édél dina ngamajukeun jeung nanjeurkeun kamandirian bangsa, sarta Kalima, kacindekan dina ngalarapkeun transformasi paradigma.
Nurutkeun H. Ahmad Heryawan, sakumaha ajaran agama Islam, kahirupan nu hakiki téh nyaéta peradaban kahirupan nu unggul nu saimbang. Ari peradaban nu unggul éta, cék Gupernur Jawa Barat deui, mangrupa ‘refleksi’ tina cara ngungkulan lima poko dasar umat manusa dina ngawangun peradaban nu sabenerna, nyaéta dasar ketuhanan, hakikat manusa, hakikat alam, hakikat waktu jeung hakikat diutusna Nabi jeung Rosul nu mawa risalah ajaran bebeneran. “Dina ngalarapkeun kahirupan, kaasup dina ngokolakeun pamaréntahan di Jawa Barat, mustahil bisa ngawujudkeun masarakat nu unggul, upama urang teu apal kana hakikat lima pasualan poko,” pokna tandes.
Lantaran kitu, cék H. Ahmad Heryawan, cara nu ampuh  ngungkulan pamahaman masarakat kana lima dasar poko hakiki, tangtu masarakat kudu dibekelan dua poko penting, nyaéta Ulum (élmu pangaweruh kaagamaan) jeung Funun (élmu téhnologi). “Upami ulum jeung funun geus ngawujud dina diri urang, nya ka dituna mah bakal babari ngawujudkeun masarakat nu madani,” pokna témbrés.

Teu ku  Tiori
Ajaran Islam mémang luhung. Tapi kaluhungan ajaran Islam, koncina mah kudu napak dina larapna kahirupan sapopoé. Pangna kitu, cék ieu Doktor (H.C) Siyasah Syari’iyyah wedalan UIN SGD Bandung téh, satiap kawijakan pamaréntah Jawa Barat gé, moal leupas tina ‘nafas’ ajaran kaislaman. Malahan, naon nu jadi kawijakan pamaréntah puseur salila ieu, teu weléh ku Gupernur Jawa Barat mah diadumaniskeun jeung papagon agama Islam. Contona waé, masalah upaya ningkatkeun IPM, nu ngawengku pendidikan, ékonomi jeung kaséhatan. Cek H. Ahmad Heryawan, pentingna ngungkulan IPM, sabenerna ajaran Islam geus ti heula ngarumuskeunana, saperti dina doa; Allohuma Inna nasaluka ‘ilma nafi’an warijkon wasi’an, wasifa a min kulli daa in wasaqom. Ya Alloh, mugi Gusti maparinan élmu nu mangpaat, rejeki nu berkah, jeung kaséhatan tina sakabéh panyakit. “Saleresna ajaran dina doa, éstuning mangrupa hakikat kawijakan pamaréntah. Lantaran kitu, kawijakan di Jawa Barat ogé, dasarna pamianganana mah tina ajaran Islam,” cek H. Ahmad Heryawan jinek.
Kitu deui cek Gupernur Jawa Barat, dina sababaraha kawijakan séjénna, ébréh pamianganana ngaluyukeun tina konsep masarakat madani, sapertina waé dina ngalarapkeun aspek kesisteman tata kelola pamaréntahna. Nu asalna konsep ‘dominan pemberdayaan’, ayeuna jadi ‘dominan pelibatan’ nu katelahna ‘Jabar Masagi’ téa. Ieu rumusan téh, salawasna henteu leupas tina unsur pamaréntahan, akademisi, palaku usaha jeung kumpulan organisasi kamasarakatan.
Gambaran-gambaran kawijakan di Jawa Barat nu pamianganana tina konsep masarakat madani nu boga ‘daya saing’ luhur, tangtu nu paling utama, nyaéta pamaréntah jeung masarakat kudu babarengan ngungkulan tujuh masalah bangsa. Nyaéta, pentingna munculkeun negarawan-negarawan, ngalahirkeun pamikir-pamikir luhung, pangusaha-pangusaha unggul, pentingan nataharkeun pamingpin nasional, ngalahirkeun tokoh agama jeung para inohong masarakat, pentingna sistem multi aksés sarta pentingna ‘transformasi’ bangsa Indonesia geusan jadi nagara nu ‘berbudaya’ industri.
Lantaran kitu, pasualan-pasualan penting nu tacan kaungkulan, sawadina kudu pangabutuh pribadi-pribadi, pangabutuh multi pihak, para pamingpin di daérah, kader bangsa, ogé pihak masarakat séjénna nu salawasna peduli kana kamajuan bangsa. “Salawasna miharep kontribusi positif ti sakumna pihak. Ajaran Islam nu sakitu agungna, prinsip jeung tiori dina ajaran Islam nu sakitu kumplitna, tangtu ulah saukur reueus ku tiori wungkul. Upama umat Islam katingaleun dina urusan Imtek, ti ayeuna hayu urang balikkeun, yén teori jeung prinsip Islam bisa ngalahirkeun élmu pangaweruh jeung téhnologi anyar,” cek H. Ahmad Heryawan gedé harepan.

Luyu jeung Buktina
Dina panitén Rektor UIN SGD Bandung, Prof. Dr. H. Deddy Ismatullah, SH., M.Hum., méré gelar Doktor Honoris Causa ka H. Ahmad Heryawan, mémang henteu asal kitu-kitu waé, tapi luyu jeung tinimbangan kamampuh nerapkeun kawijakan dumasar kana prinsip siyasah syari’iyyah. Lantaran kitu, payus pisan upama pamikiran-pamikiran H. Ahmad Heryawan nu langsung dibuktikeun dina ngalarapkeunana, dilélér gelar Doktor Honoris Causa widang Katatanagaraan Islam (Siyasah Syari’iyyah). "Anugerah Doktor Honoris Causa ka H. Ahmad Heryawan mangrupa wujud perhatian nyata ti UIN SGD keur pamaréntah provinsi Jabar. Pangna kitu, mudah-mudahan pangwangunan di Jabar teras dilarapkeun dina dasar syariah, sangkan agama jeung ngokolakeun nagara salawasna kajaga, " cek Rektor UIN gedé harepan.
Anapon promotor anugerah gelar doktor kehormatan H. Ahmad Heryawan, nyaéta Prof. Dr. H. Juhaya S. Praja, minangka ketua promotor (UIN Bandung). Sedengkeun co-promotor nyaéta Prof. Dr. Dede Rosyada, MA., (UIN Jakarta), MA, Prof. Dr. Oyo Sunaryo Mukhlas, M.Si. (UIN Bandung), jeung Prof. Dr. H. Moh. Najib, M.Ag., (UIN Bandung). ***

0 komentar:

Posting Komentar