Dangdanggula Sugan

Sakiceupan naha ngiles deui
nitih cahya mapay kingkilaban
ka dinya ka tebéh kulon
tapakna anteng hurung
nyaréngcélak na layung kuning
naha teras ka mana
ngantunkeun nu liwung
janten geter dina manah
ceuk langit téh isukan rék datang deui
duka di lebah mana

Sakentrungan naha ilang deui
lungsur lirih na tungtung aweuhan
ngaléon na sédong towong
sorana semu ngalun
mipir leuwi babantar sepi
naha teras ka mana
ngantunken nu bingung
haliwu lebah mamaras
anteng palid ka hilir biheung ka mendi
duka nyangsang di mana

Sarénghapan naha leungit deui
mapay héar gupay dangdaunan
dipuntangan angin halon
seungitna manjang arum
humiliwir kaangin-angin
naha angkat ka mana
ngantunkeun nu gandrung
galécok boa jeung sugan
hayang teuing neuteup jirim widadari
demit di lebah enya

0 komentar:

Posting Komentar