Manglé jeung ITB

MangleTINA ngaran ogé apan geus sidik aya kecap “Bandung”, dina ITB téh: Institut Teknologi Bandung. Ieu paguron luhur anu diadegkeunana dumasar kana prakarsa Koninklijk Instituut voor Hoger Technisch Onderwijs taun 1920 téh, lain waé jadi kareueus Jawa Barat, tapi deuih nasional.
Kiwari, anu tolab élmu di ITB téh rupa-rupa sélér bangsa ti sa-Nusantara, malah geus lila kituna téh. Tangtu waé salila araya di dieu mah maranéhna téh urang Bandung, lain sémah anu ngan saukur milu bumetah. Ari Bandung, enya da masing ayeuna geus loba robahna gé, angger waé galeuh-galeuhna mah Sunda anu puguh kasang tukang sajarahna.
Éta pangna Manglé mosisikeun ITB jadi bagian tina sosio-budaya Sunda gé, da sacara de facto ayana di Bandung. Jeung éta deuih pangna Manglé ngarasa perlu pikeun ngantengkeun silaturahmi jeung ITB. Sama sakali teu boga niat hayang nahap-nahapkeun manéh, ngan ieu mah kajurung ku rasa milu tanggung jawab dina ngahirup-huripkeun budaya Sunda, anu bakal gedé rambat kamaléna kana kamekaran Jawa Barat.
Aya bukti dina galur sajarah pergerakan nasional yén Bandung jadi lahan subur pikeun tumuwuhna rupa-rupa papahaman anu ahirna ngamuara jadi kakuatan bangsa pikeun ngahontal kamerdékaan. Hanas di antara éta papahaman téh kungsi gétréng, séjén deui éta mah. Mana kitu gé Bandung téh dianggap kondusif, warga masarakatna dinamis, sarta dirojong ku ayana lembaga-lembaga pendidikan anu dianggap pionir. Salah sahiji wahana pikeun ngadidik SDM téh nya ITB téa.
Pakarepan Manglé sakumaha anu bieu ditétélakeun dibagéakeun pisan ku Rektor ITB, Prof. Dr. Ir. Kadarsah Suryadi. Ieu guru besar pituin urang Kuningan téh ngahaja nyayagikeun waktu, dina awal Juli kamari, pikeunManglé anu dipingpin ku Pupuhu Umum, Drs. H. Uu Rukmana, M.Si. katut wadyabalad ti réngréngan redaksi. Prof. Kadarsah dibarengan ku Wakil Rektor Bidang Administrasi, Alumni, dan Komunikasi, Dr. Miming Wiharja, ST, M.Sc.Eng.
Rombongan Manglé éstu teu disaha-saha, tur dibagéakeun gepyak pisan. Ditétélakeun ku Prof. Kadarsah, karék ayeuna ITB kasémahan ti média basa Sunda, bari ngasongkeun paniatan hayang ngantengkeun silaturahmi kamitraan.
Aya sawatara hal anu harita dibadamikeun, di antarana waé ngawangun kamitraan pikeun silih rojong dina ngalaksanakeun kagiatan, saluyu jeung cahak masing-masing. Manglé dina posisina salaku média basa Sunda aya karep milu nyebarkeun informasi katut paélmuan anu jolna ti ITB tur dipikabutuh ku masarakat enggoning ngaronjatkeun kahirupanana. Sabalikna, ITB ogé bakal milu ngarojong program Manglé, boh nu patali jeung tarékah ningkatkeun eusi majalah, boh dina ngalegaan daya sebar ka balaréa, sakurang-kurangna di lingkungan internal kampus.
Nya, ayeuna mah urang bismillah waé. Muga tinekanan sapaneja.

0 komentar:

Posting Komentar