Rabu, 17 Agustus 2016

Ngukur Kakuatan Ékonomi Jabar Mapag Pasar Bébas ASEAN

Mangle
Agung Suryamal S.;
Pasar bébas ASEAN nu katelah Masyarakat Ekonomi ASEAN (MEA) geus ngadodoho. Atuh nu bébas lar-sup téh lain ukur barang jeung jasa, tapi deuih tanaga profesional, modal, jeung investasi. Kumaha ari tataharna para pangusaha Jawa Barat? Agung Suryamal S., Ketua Umum KADIN Jawa Barat nepikeun pamanggihna ka Manglé.
Mapag persaingan éra global, kaasup mangsana pasar bébas ASEAN téa nu prungna dimimitian 1 Januari 2016, geus teu bisa ditawar-tawar deui. Mémang, pasar bébas loba rambat-kamalena. “Kantenan, para pangusaha, palaku ékonomi sareng urang sadayana kedah siap mayunan pasar bébas Masyarakat Ekonomi ASEAN. Mudah-mudahan poténsi ékonomi Jawa Barat bisa bersaing,” ceuk Agung Suryamal S., Ketua Umum KADIN Jawa Barat mimiti ngobrol ka Manglé.
Pangna kitu, nilik kana kaayaan pasar bébas engké, Agung ogé teu weléh mekelan, hususna para pangusaha di Jawa Barat sangkan tatahar keur ngawewegan kamampuhan. Kitu deui ka pihak pamaréntah, KADIN Jabar ogé tetep ngawewegan sangkan pamaréntah leuwih nyaah ka wargana sorangan.
Lantaran persaingan pasar bebas teu tiasa disingkahan, tapi kedah disanghareupan. Pangna kitu, ceuk ieu pangusaha teureuh Sunda, ti ayeuna bisa ngukur keur tatan-tatan balap. “Kakuatan ékonomi urang kedah jadi kaunggulan, saperti tina séktor pariwisata,” pokna gedé harepan.
Dina waktuna pasar bébas saban nagara ogé lir nu makalangan balap lumpat. Masing-masing gé kudu apal kana kamampuhan sorangan jeung kamampuhan lawanna. Da, upama ngandelkeun kumaha engké mah, lain pilihan nu hadé. Pangna kitu, ceuk ieu pupuhu umum Kadin Jabar ogé, kahiji, para pangusaha kudu geus ngabiasakeun gawé kalawan profesional. Kadua, kudu inovatif. Hartina usaha-usaha kudu boga ciri mandiri, nu saterusna jadi kaunggulan. Katilu, sumanget juang. Sanajan urang aya dihandap Malaysia jeung Singapura, tapi ulah leutik haté. Lantaran, bangsa urang boga poténsi alam nu leuwih unggul. “Koncina mah, kantun tatahar SDM, bebenah infrastruktur, sareng promosi,” pokna.
Mangsana pasar bébas, patalimarga antarbangsa gé teu kahalangan ku anggang. Ku lantaran kitu, keur nyumponan pangabutuh hirup sapopoé gé kari milih, asal aya keur meulina. Palebah dieu Agung ogé bakal terus ngadorong, sangkan kaunggulan produk lokal jadi kakuatan. “Insya Alloh barang-barang lokal urang ogé moal éleh ku barang-barang deungeun.
Invéstor Lokal
Upama lahan tatar Jabar matak ngirut ku parainvestor, lantaran mémang usaha Jabar bakal leuwih nguntungkeun. Lian ti aya dina lahan nu subur ma’mur, ogé wilayahna deukeut ka tempat puseur Jakarta. Ngan, ngaleutna ka Jawa Barat, cek Agung pamaréntah ogé ulah poho ka parapangusaha lokal. “Tangtos, nu dipiharep tumuwuhna pangusaha lokal. Lantaran upama dibandingkeun jeung pangusaha asing, jinek kontribusi parapangusaha lokal mah, bakal leuwih nyerep tanaga,” saur Agung nu ogé pangurus Badan Musyawarah Sunda (Bammus) Jawa Barat jinek.
Punjulna lahan tatar Jabar keur invéstasi, mémang diaku ku parapangusaha luar negeri. Para investor asing ogé loba nu kabita ngaradon arusaha di Jawa Barat. Keur KADIN Jawa Barat, kaayaan kitu, tangtu jadi pangjurung sumanget para pangusaha lokal. “Palebah dieu, ningal loba invéstor asing di Jawa Barat, tangtu jadi pamecut pangusaha pribumi. Atuh palebah dieu, pamaréntah jelas, kudu leuwih mihak ka pangusaha pribumi atanapi lokal,” ceuk ieu teureuh Sunda manten Ketua HIPMI Jabar témbrés.
Nu arusaha bisa kasab dina rupa-rupa widang, saperti dina widang industri atawa tatanén. Nu arusaha ogé, di Jabar mah lakar daék. Hartina, nu arusaha di tatar Sunda, boga harepan ngahontal udaganana. Ngan, lolongkrang kawas kitu, can sabanding jeung lobana nu usaha. Lantaran deuih, ningkatna karaharjaan moal leupas tina karep jeung kadaék parapangusaha. Ku kituna, ceuk Agung nu lahir taun 1965 téh, deui-deui pamaréntah sawadina bisa leuwih merhatikeun parapangusaha, pangpangna parapangusaha lokal kaasup pangusaha anyar. “Perhatosan pamaréntah kacida mangaruhanana kana sumanget parapangusaha,” pokna deui.

Ngarojong Pangusaha Leutik
Kahirupan, mémang teu sakelir, aya nu beurat beunghar, aya nu sabalikna. Kitu deui dina widang usaha. Usaha badag jeung leutik mémang hadéna kudu silihlengkepan, silih mangpaat. Alatan kitu, Kadin Jabar nu diadegkeun ku tilu unsur, pihak swasta, gerakan koperasi jeung BUMN, henteu robah prinsip. Komo, ceuk Agung mah, apan di Jawa Barat mah béda jeung mémang kudu béda cara usaha mah. “Nu arusaha di tatar Sunda mah, ulah leupas tina rasa kamanusaan. Pihak KADIN ogé salawasna ngarojong nu arusaha geusan ngaraharjakeun pagawéna nu sahadé-hadéna,” saur ieu rama Farhana Desfila, Muhamad Fadhil gedé harepan.
Upama kiwari loba kénéh jungkrangna antara pangusaha leutik jeung pangusaha badag, da mémang teu bisa majar kumaha. Ku kituna, ceuk Agung, nu penting bisa silihlengkepan, silihngarojong nu kadituna bisa silihngaraharjakeun. Pangpang kitu, Kadin Jabar ogé dina misina bakal luyu jeung kawijakan pamaréntah, geusan ngarojong ngabantu kana naon nu jadi bangbaluh para pangusaha leutik, jeung koperasi. Ka kareup, KADIN Jabar keur metakeun jurusna, geusan ngarojong palaku usaha sangkan ningkatkeun ajén produk jeung harga. Dina hal ieu, produk lokal kudu leuwih hadé ajén produkna kalayan sual harega teu matak mahal teuing. Komo deui, ceuk ieu urang Jl. Sinom No. 9 Bandung mah, dina mapag ASEAN Community, para pangusaha Jabar wayahna kudu siap. Siap strategina, daya saing produkna, jeung sajabana.
Sumber daya alam Jawa Barat sakitu beungharna. Ngan, hanjakalna mah tacan maksimal dikokolakeunana. Pangna kitu, koncina aya dina sual SDM nu bakal mampuh ngokolakeunana. Ku kituna, Kadin Jabar gé, geus narékahan ku ngayakeun training center. Ieu program keur ningkatkeun kaahlian jeung élmu pangaweruh para palaku usaha. Ku cara kitu, sahenteuna bisa ningkatkeun SDM di Jawa Barat. “Waktuna didodoho pasar bebas, kaahlian urang kedah mampuh bersaing. Ieu nu salawasna kedah teras ditingkatkeun,” ceuk Agung Suryamal S. nutup obrolan. ***

1 komentar:

  1. Kuring menyakiti sareng haté ngejat mun aya dina masalah anu ageung lumangsung dina perkawinan abdi tujuh bulan ka tukang, di antara kuring jeung salaki kuring. jadi pikasieuneun pisan yén anjeunna nyandak hal ieu ka pangadilan pikeun cerai. anjeunna nyarios yén anjeunna moal resep deui sareng abdi, sareng anjeunna moal bogoh ka abdi deui. Anjeunna anjeunna dipak kaluar-bumi sareng ngajantenkeun abdi sareng murangkalih abdi ngaliwat nyeri parna. Abdi nyobian sadaya cara anu tiasa waé pikeun nyayogikeun deui, teras nyuhunkeun, tapi sadaya teu ngeakeun.in anjeunna parantos nyarios yén anjeunna parantos nyieun kaputusan, sarta anjeunna henteu pernah hoyong ningali kuring deui. Janten dina hiji sore, nalika abdi ucing deui tina pagawean, abdi pendak sareng sobat guna anu sanés nanyakeun ka salaki kuring. Ku kituna abdi ngécéskeun unggal hal manéhna, jadi anjeunna ka kuring yén hiji-hijina cara anu tiasa nampi ku salaki deui, nyaeta ngadatangan caster mantra, sabab estu digawé pikeun anjeunna teuing.So abdi pernah percanten ngeja, tapi abdi teu boga pilihan sejen, ti turutan nasihat-Na. Lajeng anjeunna masihan abdi Email alamat tina mantra mantra anu ngadina. Janten isuk-isuk anu sanés, abdi ngirimkeun surat kana alamat anu anjeunna masihan ka abdi, sareng mantra mantra ngajénkeun yén abdi bakal nampi salaki kuring dina poé saterusna. Naon hiji pernyataan endah pisan !! Kuring pernah percaya, ku kituna anjeunna nyarios sareng abdi, sareng ka abdi sadayana anu kedah abdi lakukeun. Mukang isuk-isuk isuk-isuk, surprta héran, salaki kuring anu henteu nyambung kuring kanggo 7 bulan terakhir, masihan kuring telepon pikeun nginpokeun ka kuring yén anjeunna nuju balik. Jadi Endah pisan Ku kituna ieu pisan kumaha anjeunna parantos sumping deui dina dinten anu sami, kalayan seueur kaasih sareng kabagjaan, sarta hapunten hapana, sareng ka nyeri anu anjeunna disababkeun abdi sareng barudak urang. Lajeng ti dinten éta, hubungan kami ayeuna leuwih kuat batan kumaha sateuacanna, ku bantuan Dr. WEALTHY. Ku kituna, abdi bakal saran anjeun kaluar upami anjeun ngagaduhan masalah ngahubungan anjeunna, abdi masihan abdi 100% jaminan anu anjeunna bakal nulungan anjeun .. Surélék anjeunna dina: wealthylovespell@gmail.com, atanapi anjeun Whatsapp anjeunna. + 2348105150446 Hatur nuhun asoooo teuing !!!

    BalasHapus