KAA Nguatan Rasa Gedé Haté

Cacak kakara sapuluh taun merdéka, lemah cai téh ngoréjat némbongkeun ketak. Leudeung makalangan. Wani ngeprak balad, ngajakan nagri deungeun tandang babarengan bajuang ngahontal hirup jeung huripna. Jangelek wéh, Konferensi Asia-Afrika (KAA) taun 1955.
Ketak ieu bangsa nu ditembongkeun di Bandung kawas kitu, nambahan komara. Teu anéh, mun ahirna, mah Bandung téh, jadi tempat nu kaseundeuhan. Dangiang Bandung, ngajangelek jadi daya pangirut keur nu ti mana-mana, ti sakuliah Nusantara.
Ayeuna, panceg genep puluh taun, Bandung pésta deui. Ngahudangkeun deui sumanget bangsa-bangsa nu genep dasa warsa kungsi babarengan bajuang. Tangtu, kiwari mah, béda deui alam jeung carana bajuang téh. Ngan, aya nu natrat, maheutkeun léngkah babarengan, demi nanjeurna martabat masing masing nagri.
Para inohong bangsa Indonesia, saperti Presiden Sukarno, Ali Sostro Amioyo, Juanda, jeung sajabana, ‘manggungkeun’ kamampuh jeung kaludeung ka dunya internasional. Ku cara kitu, pihak séjén, bangsa-bangsa Asia-Afrika, ngalap mangpaatna. Apan, tina KAA téh ahirna mah, medalkeun negara-negara anyar nu merdeka, leupas dina kungkungan nu ngajajah.
Upama Inohong bangsa baheula, mawa Bandung ka jauhna, atuh harepan ayeuna gé moal bina ti kitu. Padungdengan kawas genep puluh taun ka tukang téh kudu kaalap mangpaatna. Jadi cukang, lantaran karaharjaan masarakat nu ngadeg dina jati diri tur kamadrian, kaasup kamandirian.
Bandung taun 1955 mawa pesen nu natrat nepi ka ayeuna. Kamampuhan bangsa Indonesia, jinek lain bangsa kelas dua. Malah, boga ‘modal’ jadi lulugu ‘pamanggul’ jurit di pakalangan internasional. Atuh, ketak kawas kitu gé, misi jadi tatapan ngaléngkah jeung jadi catetan, yén lemah cai urang kiwari gé kudu aya pupurieunana keur sakumna Bangsa. Pakarepan kitu, hartina, kudu dibarung ku kaludeung, kawani, jeung balitungan nu asak, ogé kayakinan, ngan bangsa-bangsa nu gedé haté nu ahirna baris mampuh ngigelan jeung ngigelkeun jamanna.

0 komentar:

Posting Komentar