Sekar Merdika

Pelesir ka Kota Subang,
Kota Ganas anu éndah sarta asri,
gotong singa nu kamashur,
dogér kontrak toléat,
seni luhung warisan parakaruhun,
kamonésan urang Subang,
ciri bukti jati diri.

Subang beunghar ku budaya,
boga tilu alam anu jadi ciri,
pagunungan palih kidul,
di tengah padataran,
palih kalér basisir tepung jeung laut,
matak betah nu amengan,
moal bosen sumping deui.

Sekar tandak
Saha anu panasaran
Sukan-sukan amengan ka Kota Subang
Wisatana alam éndah
Tangtu matak betah anu pelesiran

Ciater nu kakoncara
Kebon entéh ngaplak lega
Batu Kapur Kapolaga
Cijalu jeung Curug Béntang

0 komentar:

Posting Komentar