Rabu, 17 Agustus 2016
Napak Tilas
Gek kuring diuk dina jukut sisi jalan satapak, ngareureuhkeun kacape. Taktak asa semplak pira oge nangung kalapa jeung gula kawung anu teu sabaraha piduiteunana. Awak anu pinuh ku kesang digeberan ku dudukuy. Kuring nangung kalapa jeung gula kawung jualeun ka Bintang harita teh. Ti lembur sok indit isuk keneh, mapay jalan satapak ari nepina paling gancang wanci lohor. Kawas wanci harita, keur jaman harita di Bintang aya pabrik perkebunan anu walanda, nya kira-kira mah taun 60-an. Waktu harita masih keneh hese hayang meuli pangabutuh sapopoe teh. Meuli minyak tanah jeung uyah oge kudu ka Tanggeung anu lamun disorang butuh waktu sapoe bolak-balik.
Kuring oge kudu we samingu sakali mah ngincring ka Tanggeung, balanja minyak tanah jeung uyah ti koperasi. Can aya mobil anu nepi ka lembur. Da ti cianjur oge mobil teh ngan nepika Tanggeung. Kitu oge hiji dua can rame kawas ayeuna. Sok remen bati tina ngajual minyak tanah jeung uyah teh dibelikeun kana kalapa jeung cau atawa gula kawung, tuluy ku kuring dijual deui. Mimitina mah ka anu deket ngan lila ti lila ceuk bapa teh, “ka Bintang ayeuna mah ngajual kalapa teh, keun engke di ahad, dipihapekeun ka bah Ohim babaturan bapa.”
Nyaaheun mana kitu oge bapa teh, da masih keneh ingeut basa indit bareng ka Bintang, pangdangdanankeun tangungan kalapa, “tong loba teuing”, ceunah, “tapi kudu mineung”. Sanggeus nepika Bintang, sakumaha jangjina mawa kuring ka bah Ohim, tuluy mihapekeun basana “bah Ohim, ieu budak dewek rek diajar dagang ulah dicekek harega mihape, budak keneh.”
Rek teu disebut budak kumaha da harita kuring can sakola. Lain kuring anu embung ngan kawantu euweuh sakola. Kakarek sababaraha taun ti harita aya sakola, nya kuring oge asup sakola ngan ari kana dagang mah henteu ditingalkeun.
Angin anu ngahiliwir beut terus mawa kuring ka waktu anu geus kalarung. Tong pati teuing diingeutan. Jung nangtung rek nuluykeun lalampahan, bisi kaburu beurang.
Seep tanjakan gog anjog ka warung leutik anu sok ngajualan rujak cingcau. Reug eureun tuluy nyeulang heula meuli rujak cingcau dua gelas teu kuat ku hanaang, rujak cingcau dua gelas ngan sakoteap. Song dibayar, leos indit deui gura-giru.
***
“Na asa beurang ayeuna mah jang?” ceuk bah Ohim nanya sanggeus kuring ngecagkeun tangungan.
“Lah sidikeun mopo meureunan bah, bari ieu deuih awakna keur teu geunah, nyareuri” tembal kuring.
“Nya atuda ari usaha mah kitu, tara salalawasna geunah oge tara salalawasna ripuh. Pan ujang oge tadina tas ripuh, cape, pan ayeuna rek nampa duit” ceuk bah Ohim.
“Nyaeta ari abah mah teu kireum-kireum ari ngupahan teh” ceuk kuring bari ngadayagdag nyarande.
Teu sawatara lila, gerung aya sora mobil datang. Barang direret, eunya bae truk paranti bah Ohim nyaba geus datang.
“Jang milu moal ka Ciwidey?” kadenge deui sora bah Ohim ti jero.
“Moal, pan isukan kudu ka sakola bah!”.
“Ieu atuh duitna” ceuk bah Ohim bari tuluy nuduh-nuduh barangna anu rek dibawa. Kayaning cau, kalapa, beas, gula kawung jeung rea-rea deui barang jualeun ka Ciwidey. Hiji kota kacamatan di Bandung belah kidul.
Beuki lila kuring beuki wani. Barang jualeun oge ngalobaan, samingguna sok aya kana dua atawa tilu tangungan. Atuh mimiti ti harita kuring boga panangung, nu sok ngabogaan jadwal mantuan nangung ka Bintang.
***
“Minggu ayeuna mah loba meureun maneh teh meunang barang, pan ti Tegallega oge aya kana tilu tangunganeun lain?” ceuk indung kuring basa rek indit ka Bintang.
“Lumayan meureun ayeuna mah, da gula oge aya kana sapuluh bengketna, can cau jeung kelapa” tembal kuring bari nyokot rancatan.
“Syukur atuh, ngan ema mah pangmeulikeun kurupuk we satiir mah, aeh sabaraha haregana satiir teh?” pokna.
“Ah pira oge saketip satiir, urang meuli lima tiir mah” pok teh, “hayu ah ma bisi beurang teuing.”
“heg, kade dijalan sing ati-ati!”.
Ti saprak harita mah tara sorangan nangung ka Bintang teh, da sok dibaturan ku sababaraha urang panangung barang anu kuring. Ngan aya hanjakalna, poe harita basa ema kuring pesen pangmeulikeun kurupuk, barang nepika imah. Kurupuk anu lima tiir teh, lences parareot. Lain ku kahujanan, tapi kaanginkeun da jauh tea jeung teu dikantongan da euweuh tea jaman harita mah.
Reres tamat sakola kuring boga keteg hayang neruskeun sakola, da harita mah keur babari keneh. Ngan tingal nuluykeun tilu taun sakola deui, engke lamun geus tamat baris diangkat jadi guru. Loba harita oge babaturan sakola anu neruskeun, nya ayeuna teh geus jaradi guru atawa kapala sakola, teu saeutik oge anu geus pangsiun. Ngan waktu harita basa kuring bebeja hayang sakola, kolot nyaeta bapa teu pati nyatujuan, pokna “batur oge anu sakola, make jeung dahar. Ayeuna mah beurik we ku otak, da bapa oge lain teu hayang nyakolakeun, ngan mana atuh biayana?”.
Tah ti saprak harita, kuring neundeun dina jero hate kahayang pikeun sakola anu jadi hareupan ulah karandapan deui ku anak ayeuna anak mah kudu sarakola, sabab karasa peurihna hayang sakola teu jadi teh. Da ceunah mah euweuh biaya, padahal harita munding oge aya kana genepna, mun dijual hiji mah dipake biaya. Nyaeta atuh da Alloh mah langkung uninga kana naon anu baris karandapan ku makhluk-Na.
Keur mapalerkeunana, nya kuring beuki sumanget kana dagang. Beuki lila pangwangunan ti kota oge terus nyurungkuy ka gunung, kuring oge geus ti dinya mah teu ka Bintang deui sabab jalan ti Bintang geus ditepikeun ka Cimaskara. Jadi aya kana samingu dua kali mah kuring ka Cimaskara, da beuki deket ka leumbur kuring.
Waktu beuki nyerelek, anu baheula leutik ayeuna geus kolot, nincak atun 70-an kuring sok remen ka Ciwidey selang-selang lamun keur rineh. Beuki lila mah beuki wani, nepika ngajual barang oge aya kan ton-an ka Ciwidey teh. Ari balik ti Ciwidey sok rajen balanja pibajueun atawa baju nu geus jadi, ideur kenen di kampung. Waktu harita sok aya kana tilu poena ngider ti hiji pasar ka pasar anu sejen. Lamun keur negtog mah balik ka imah teh ngan saukur mawa lawon panggemolna wungkul. Ti harita sigana rijki teh ku pangeran dibukakeun keur kuring. Sanajan tina usaha kitu oge, kuring make kuat meuli sawah atawa tanah pikeuboneun.
Beh dieuna sanggeus ngarasa bosen ngider ngajualan pibajueun jeung baju anu geus jadi, kuring pindah usaha ari balik ti Ciwidey tas ngajual barang teh tara mawa pibajueun deui tapi sok balanja pangabutuh sapopoe di kampung. Tegesn ati harita mah kuring teh ngawarung diimah.
Dina taun 80-an, kuring make kapareungkeun dagang beas ka Cipanas anu mimitina mah ceuk akina barudak, basana teh “pangjualkeun itu beas anu bapa itung-itung ngamodalan we, da mere mah euweuh”.
Atuh kuring jadi beuki rancage bae dina usaha, poe ahad indit ka Ciwidey ngajual barang kayaning cau jeung kalapa, atuh balikna geus nyampak beas dipabrik iangkeuneun ka Cipanas dina poe Rebona. Jadi harita mah saminggu dua kali, ka Ciwidey jeung ka Cipanas usaha teh.
Kuring leuwih sapuluh taun kikituan, anu satuluyna mah kuring pere ka Cipanas keur mah cape katambah kabehdieunakeun geus loba nu usaha kana beas kawas kuring. Jadi lamun diteruskeun oge moal pati loba untungna, da geus loba saingan. Ngan ari ka Ciwidey anu henteu ditingalkeun teh, eta mah masih keneh nepika ayeuna.
Ayeuna kuring geus kolot henteu pati kana usaha, ngan tingal merhatikeun jeung ngajununkeun anak we sina sarakola. Sanajan hasil ngan saukur tina pare anu sausum sakali kaalana. Kuring mereketkeun maneh hayang nyakolakekun anak, hiji hal anu baheula ku kuring teu karandapan da euweuh biaya ceunah. Ayeuna oge ari biaya mah euweuh ngan kahayang jeung cita-cita anu ngagedur anu sok mepes ripuhna gawe. Kagantian sugan ari nempo anak jaradi jelema mah, kapeurih jeung ka prihatinan baheula teh lain dongeng, ieu mah ngan lalakon anu didongengkeun deui. Sugan aya pulunganeunana.*** Cigeresik, 24 Januari 2005
*) kado kanggo pun bapa)
Urang Sunda Mieling Taun Islam di Kuwait
Dimana wae ayanana, keur urang Sunda mah asa deukeut. Sok sanajan ceuk paribasa beda sumur beda tampian, tapi ari dina katuangan mah, angger menu Sunda. Kituna teh, saperti urang Sunda nu daramel di Kuwait.
Loba kumpul ahirna jadi loba baraya. Kitu nu kasaksian urang Sunda Kuwait (PPK) waktu mieling ganti taun anyar Hijriyah 1437 H nu diayakeun di Tower Kuwait. Sanajan jauh ti lemburna tatar Sunda, tapi ari kabiasaan mah weleh ngalarapkeun tatakrama jeung balakecrakan katuangan has Sunda
Anugerah Budaya keur Mangle
Taun 2015, alhamdulillah Majalah Mangle kabiruyungan kenging pangdeudeul Anugerah Budaya Kota Bandung, 13 Oktober 2015 di Ruang Bale Pasundan, Kantor Perwakilan Bank Indonesia. Mangle nu geus nincak 58 taun, lian ti tujuanna keur ngamumule basa Sunda, oge keur ngalarapkeun amanah sakumna urang Sunda ngalangkungan rumusan Perda No. 14 Taun 2014 ngeunaan kawajiban ngamumule basa daerah di Jawa Barat. Hartosna, Mangle memang bacaan urang Sunda di sakuliah dunya. Upama moto Mangle, Ati Sunda Jati Sunda Jajaten Sunda, lantaran kanyaah Mangle ka Sunda, sami sareng nyaahna urang Sunda ka Mangle. Margi kitu, hatur nuhun ka sakumna mitra Sunda sadayana. Mugi salawasna aya dina ginanjar kawilujengan, sehat lahir tumekaning batin.
Harita lian ti anugrah keur Mangle oge keur sababaraha inohong jeung lembaga sejenna nu salila ieu teu petot-petot mere ‘seungit’ ka Kota Bandung, nyaeta :
1. Ade rudiana, Bidang Karawitan
2. David Bambang Sudiono, Bidang Heritage
3. Doel Sumbang, Bidang Musik
4. Forum Film Bandung, Bidang Film, diwakili Eddy D Iskandar
5. Galeri Soemardja, Bid Seni Rupa
6. Gerbong Bawah Tanah, Bidang Penggerak Kretivitas
7. Jim Supangkat, Bidang Pemikir Kebudayaan
8. Komunitas Aleut Bidang Pecinta Sejarah
9. Majalah Mangle, Bidang Sastra, diwakili Uu Rukmana
10. Mas Nanu Muda, Bidang Tari
11. T Bachtiar, Bidang Lingkungan
12.Yusep Mulyana, Bidang Teater
2. David Bambang Sudiono, Bidang Heritage
3. Doel Sumbang, Bidang Musik
4. Forum Film Bandung, Bidang Film, diwakili Eddy D Iskandar
5. Galeri Soemardja, Bid Seni Rupa
6. Gerbong Bawah Tanah, Bidang Penggerak Kretivitas
7. Jim Supangkat, Bidang Pemikir Kebudayaan
8. Komunitas Aleut Bidang Pecinta Sejarah
9. Majalah Mangle, Bidang Sastra, diwakili Uu Rukmana
10. Mas Nanu Muda, Bidang Tari
11. T Bachtiar, Bidang Lingkungan
12.Yusep Mulyana, Bidang Teater
Ngarojong Mekarna Budaya Sunda di Kuwait
Tina hasil silaturrahmi, Pa Dubes nu memang teureuh Ciamis, ngarojong sababaraha kagiatan PPK nu patali sareng budaya. Di antarana wae mere alat-alat rampak gendang, angklung, reog jeung sajabana. ***
Résiko Haji
“Innnalillahi wa inalillahi.....”
“Saha nu maot, Mang?”
“Hih, Alo mah bangun anu kakara baé ngobrol jeung Mamang.”
“Ari kitu, kumaha, Mang?”
“Ieu mah Innalillahi tanda kamusibahan, Lo.”
“Oh, saha nu kamusibahan, Mang?”
“Dulur-dulur urang nu keur ngalaksanakan ibadah haji kapan, Lo.
“Aéh enya, nya. Ngiring béla sungkawa nya, Mang, ka sadaya kulawargi nu kamusibatan.”
“Yaktos.”
“Padahal teu disangka ti saméméhna bakal aya angin puyuh jeung hujan, Mang. Pan di Mekah mah cenah jarah aya hujan.”
“Enya, Lo. Éta hal mangrupa tanda kakusaan Alloh sakaligus cocoba keur anu kamusibahan.”
“Padahal crane anu dipaké pikeun ngalegaan pakarangan Kabah téh sakitu tohagana, bisa nepi ka rugrug.”
“Pépéling ti Maha Kawa matak kitu gé meureun, Lo.”
“Pépéling kumaha, Mang?”
“Enya ngélingan manusa, sangkan ulah adiung adiguna. Sakumaha tohagana buatan manusa, ku kakawasaan Alloh mah ngan sakedét nétra bisa ancur burakrakan.”
“Yaktos.”
“Hal sarupa kitu ogé némbongkeun yén mémang ibadah haji téh beurat.”
“Har?”
“Pan beurat ogé ibadah haji mah, Lo.”
“Jaba jauh jaba ka sagara keusik nyah, Mang?”
“Lain masalah jauh jeung sagara keusikna, Lo.”
“Ari kitu?”
“Ibadah haji téh kapan répléksi perjuangan Nabi Ibrahim dina ngajalankeun paréntah Alloh. Kapan sakitu beuratna perjuangan Nabi Ibrahim téh. Réa pisan cocoba jeung dodoja anu kudu disanghareupan. Nabi Ibrahim mah kapan éstuning téga lara téga pati dina ngajalankeun paréntah ti Alloh SWT téh.”
“Ambuing.”
“Hartina dina ngajalankeun ibadah haji urang ogé kudu hampelas raraga jati, ihlas raga eujeung pati. Seja ngajalan paréntah Nu Maha Kawasa sok sanajan kudu nandonkeun nyawa.”
“Gusti.”
“Malah mah kapan dodoja jeung cocoba téh aya kalana kaalaman saméméh nepi ka Arab, atawa keur di lembur kénéh.”
“Bener, Mang. Réa kasus anu tumiba ka para calon jamaah haji. Ti mimiti nu visana hésé kaluar nepi ka nu katipu ku oknum sarta antukna teu bisa miang jarah ka tanah suci. Duit lapur, indit henteu.”
“Éta ogé mangrupa salasahiji résiko dina ngajalankeun ibadah haji. Jadi, ibadah haji mah mengandung résiko ti mimiti rék miang, di tanah sucina, nepi ka balikna deui ka lembur.”
“Jadi kudu kumaha atuh, Mang?”
“Nya kudu ihlas wé da ngaranna ogé ibadah.”
“Urang ogé kudu ihlas nya, Mang, tacan baé diparengkeun miang ka tanah suci.”
“Lain kudu ihlas, tapu kudu terus ngadu’a.”
***
Senin, 15 Agustus 2016
Mangle Méré Bekel ka Para Rumaja Sunda
Bulan Agustus kamari digelar kagiatan “Pelatihan & Pembekalan” keur para anggota Mitra Rumaja angkatan I. Kagiatan rutin ieu digelar sabulan tilu kali, aya 8 materi anu ditepikeun keur para Mitra Rumaja diantarana: Entrepreneur anu ngaguar ngeunaan peluang jeung mekarkeun kawirausahaan keur para rumaja. Materi ieu ditepikeun ku Teh Mayang Arum Sunda, Nulis dina Basa Sunda, ékting, public speaking, capacity building, Modeling, beauty class, wawasan jeung budaya Sunda.
Ieu kagiatan téh kalintang pentingna keur para Mitra Rumaja. Utamana ieu para nonoman téh sok diilukeun dina rupa-rupa kagiatan anu sipatna pasanggiri atawa lomba. Saperti Kemala Wijayanti, anu geus milu kana rupa-rupa pagelaran pasanggiri malah bulan kamari Alhamdulillah kapilih jadi pinunjul Duta Bahasa.
Kitu deui jeung angota Mitra Rumaja, saupama milu dina pagelaran pasanggiri atawa aya tawaran “Job” di dunya entertainment téh sahenteuna aya bekel atawa modal dasar tina wawasan jeung kamampuanana. Ngaliwatan kagiatan nu digelar ku Mitra rumaja Mangle dipiharep sakumna rumaja Sunda bisa hudang jeung nembongkeun potensina, pada-pada adu prestasi jeung kabisa. Rumaja Sunda ulah kaséréd ku budaya bangsa deungeun!!!!!.***







